Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Anu Leungit

Rabu, 6 Februari 2013

KIWARI. Tinekanan diuk dina korsi gading gilang kencanana Dipati Arjuna. Bagja. Dikipasan para dayang, dipupujuhkeun sagala kahayangna anu samakbruk ku para selir di karaton. Tapi abong rasa nu teu tumampi. Masih angger geuning ngerewih dina pikirana. Cenah mah kabebasana asa kasengker, asa kapanjara diri sajatina. “Terus hayang naon deui atuh Sastrajingga?” Eyangna ngadadak ngadeg hareupeuna bari imut ngagelenyu. Sastrajingga sujud “Haturnuhun kadeudeuh ti Salira, tapi enggal wangsulkeun deui kana kanyataan abdi, Eyang.” Sanghyang Wenang ngusapan sirah incu nu diasihna, “Heg ari kitumah, enya karunya ka Abah, Ambu jeung dulur-dulur maneh anu kokotetengan neangan. Malah maneh teh geus diwartakeun leungit dina surat kabar, radio, oge tipi jeung sajabana!” Satrajingga ngulisik lilir tina sarena. Hujan geus raat. Hareupeun saung kebonna aya plang. Warta ngeunaan leungit dirina meni ngajeblag.* Kang IsMaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya