Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Drama

Kabayan Ngalanglang Jaman (3)

Rabu, 6 Februari 2013

TILU

BATAVIA (BATAWI), ABAD KA-18, ANTARA TAUN 1813-1850. JAMAN KUMPENI.
KAJADIANANA DI HIJI TAMAN, DI BURUAN IMAH AGRÉNG BOGANA TUAN KAWASA (MENEER WILLEM).
BARI HAHARIRINGAN LAGU BATAWI, CINOT KASAMPAK KEUR MERESIHAN JUKUT TAMAN NU BARALA KU DANGDAUNAN. ARI NYAI DASIMAH JONGJON NGARÉNDA DI BANGKU TAMAN, DI JURU.

NYAI DASIMAH
Cinot...

CINOT
Kah, aya naon, Agan?

NYAI DASIMAH
Naha salaki kuring, Menir Willem, kira-kirana apaleun kana hubungan kuring jeung Bang Mi'un?

CINOT
(NGÉCAGKEUN PAGAWÉANANA)
Ah, sual éta mah, duka atuh, Agan. Tapi, naha hubungan Agan sareng Sami'un téh leres-leres, Agan?

NYAI DASIMAH
Bisa disebut kitu, Cinot. Memangna ku naon?

CINOT
Maksud Cinot mah..., eu…. maksud Cinot..., tapi hapunten nya, Agan…Maksud Cinot mah, naha enya cintana Sami'un ka Agan téh saratus persén…? Kan atos kagungan istri, Sami’un mah, Agan...

NYAI DASIMAH
Mémang, kuring gé nyaho, Bang Mi'un téh geus boga pamajikan.
Mpo’ Hayati pan ngaranna téh, nya? Tapi, Cinot..., pamajikanana téh tukang maén ceki. Tukang judi. Karunya puguh ka Bang Mi'un, beuki dieu téh pamajikanana lain aya élingna, kalah beuki maceuh baé. Duit hasil gawé Bang Mi'un gé, ledis waé di méja judi.

CINOT
Éta mah kan masalah aranjeunna, Agan, masalah rumahtangga aranjeunna. Urang mah teu tiasa ikut campur rumahtangga aranjeunna. Mun tiasa Cinot usul... atos wé lah, putuskeun wé hubungan Agan sareng Sami'un téh... Komo kan Agan gé tos kagungan carogé. Naon kirangna sih Tuan Kawasa? Kakayaan sagudang. Jabatanana waé Administrateur Tanah. Mun nilik kana cinta..., naon sih kirangna cinta Tuan Kawasa ka Agan...?

NYAI DASIMAH
(RUMAHUH)
Hhh... cinta! Naha enya cintana salaki téh cinta sajati? Mun mémang cinta sajati, cinta murni, mana mungkin dijadikeun Nyai-nyai, pamajikan piaraan, henteu dijadikeun pamajikan anu sah...
Sakapeung mah sok ngarasa dosa, Cinot, daék wé dijadikeun Nyai-nyai ku salaki anu henteu sah téh...

CINOT
Ulah ngaraos kaduhung, Agan, ulah ngaraos dosa. Jaman ayeuna mah, nasib istri téh aya dina cepengan pameget. Kedah pasrah. Keun wé panginten éta mah tos jalan hirup Agan kedah kitu.

NYAI DASIMAH NGARÉNGHAP JERO NAKER. AYA BANGBALUH NU HARITA NGABEUNGBEURATAN PIKIRANANA.
KEUR KITU, TOROJOL TÉH AYA AWÉWÉ (MPO’ HAYATI) NGAGEDIG KA ÉTA TEMPAT. LÉNGKAHNA JIGA BANTÉNG KADATON, LANGSUNG MURU KA NYAI DASIMAH. PASEMONNA BAKETUT HASEUM.

MPO’ HAYATI
(TUTUNJUK KANA BEUNGEUT NYAI DASIMAH)
Elu Dasimah, nya?!

NYAI DASIMAH
(NEGER-NEGER MANÉH, BARI TARANG KERUNG)
Mémangna aya naon?

MPO’ HAYATI
Mun elu can nyaho binina Bang Mi'un..., yeuh, gué jelemana!

NYAI DASIMAH
(NGAGEBEG, TAPI ANGGER NEGER-NEGERKEUN MANÉH )
Oh..., Mpo’ Hayati?

MPO’ HAYATI
Cis! Teu sudi gué disebut Mpo’ amé elu. Elu lain adi gué. Héh, na elu teu nyaho, adi gué mah euweuh nu lacur jiga elu. Nu matak gué najis disebut Mpo’ amé elu. Huh, awéwé lacur, lu! Nyai-nyai teu gableg cedo!

NYAI DASIMAH
É,é,é..., sabar heula, Mpo’. Aya naon ieu téh, na bet ngumbar amarah di dieu!?

MPO’ HAYATI
Alah..., muka badak, lu! Geus mélét salaki gué, pura-pura teu gableg dosa!

NYAI DASIMAH
Éh..., mun ngomong ulah saceplakna, Mpo’! Saha nu mélét salaki di dinya barina gé! Kuring jeung Bang Mi'un mah geus pada-pada cinta. Jadi, euweuh dina kamusna lamun kuring kudu maén pélét.

MPO’ HAYATI
Jadi bener kan, elu aya maén jeung salaki gué?

NYAI DASIMAH
Mémang bener, tapi henteu maké pélét-pélétan...

MPO’ HAYATI
Wuah, hambur bacot, lu!

MPO’ HAYATI NARAJANG NYAI DASIMAH. DUANANA PAPUKET, SILIGABRUG, SILIJENGGUT.
CINOT, NU TI TATADI NGAN SAUKUR OLOHOK PINUH KU KABINGUNG– TEU PUGUH LAKU— RAWAH-RIWIH NYALUKAN CENTÉNG.

CINOT
Centéng...! Centéng...!

CENTÉNG NOROJOL TI JERO IMAH DINA PETA NU GEUMPEUR KACIDA.

CENTÉNG
Aya naon, Cinot...? Aya naon?

CINOT
Lain aya naon-aya naon. Tuh ténjo dunungan urang… Naha teu katénjo?

CENTÉNG
Ah, Cinot, Cinot… Sugan téh aya naon. Mani kagét. Nya keun wé antep atuh. Karunya, keun sina asik jogéd, lah... Sakali-kali mah Agan téh mémang perlu
hiburan, Cinot...

CINOT
Naon? Jogéd? Perlu hiburan? Héh, Centéng, belélkeun tah mata elu nu sagedé telor matasapi téh. Jelema gelut disangka jogéd!

CENTÉNG
(REUWAS JEUNG GEUMPEUR)
Naon? Berantem? Masya Alloh...!
(GANCANG MURU KA NU KEUR PAPUKET, TULUY MISAH DUANANA)
Éit...! Éit...! Éit...! Saha ieu mangkeluk téh, Agan? Saha nu geus wani-wani ngaganggu Agan? Keun urang warah!

MPO’ HAYATI
Diem lu, montong ikut campur urusan gué...!

CENTÉNG
Nu matak berantem, urusan elu tangtuna urusan dunungan gué. Lha, urusan dunungan gué, tangtuna urusan gué ogé, dong. Keur naon gué digajih ari urusan
kieu diantep mah.

MPO’ HAYATI
O, kitu, nya...? Sok, lah, mun elu wani, hayu urang adu tanding... (PASANG JURUS) Elu rék pasang jurus naon, moal burung dilayanan nepi ka elu kalenger... Yeuh, nu hiji ieu yeuh, jurus nu kahiji, gué layanin ku jurus Macan Nyaplok Mangsa...

CENTÉNG
O, jadi elu téh ngajak berantem, nya?!

MPO’ HAYATI
Tong loba omong! Lamun lain ngajak berantem, tuluy naon atuh? Ngajak gelut dina kasur, maksud elu? Héh, sori-sori amat, teu lével! Geuwat, kaluarkeun jurus elu! Gué hayang nyaho nu kumaha jurus andelan elu!

CENTÉNG
Ow, céték...!
(PASANG KUDA-KUDA)
Yeuh… jurus Monyét Ngagugulung Kalapa!

SABOT DUANANA NGADU JURUS, NYAI DASIMAH JEUNG CINOT MAH BINGUNGEUN NAON NU KUDU DIPILAMPAH.
KEUR KITU TOROJOL TUAN KAWASA (MENEER WILLEM). NILIK KAAYAAN NU KEUR LUMANGSUNG DI DINYA, TUAN KAWASA UKUR OLOHOK. CANGKLONGNA TEU LÉSOT TINA BIWIRNA ANU BALA KU KUMIS JEUNG JANGGOT. MANÉHNA NGAWASKEUN CENTÉNG JEUNG MPO’ HAYATI NU KEUR NGADU JURUS. ARI NYAI DASIMAH JEUNG CINOT MAH NYINGKIR KA JURU.

TUAN KAWASA
Good verdom zég! Aya naon ieu bet ribut-ribut, hah?!

NU KEUR NGARADU JURUS GANCANG EUREUN. SAJONGJONGAN BUNGKEM.

TUAN KAWASA
Aya naon, hah? Centéng? Nyai? Cinot? Aya naon? Én... ieu nu hiji deui, saha kowé boga ngaran, hah?

MPO’ HAYATI
Hayati, Menir.

TUAN KAWASA
Ow, Hayati? Gud, gud, gud. Alus kowé boga ngaran. Hayati? Kawas Ilmu Hayati, ya? Ku naon kowé ngacowkeun di ieu taman anu ik, hah? Ik teu suka ieu taman ditincak ku inlander. Ik teu suka ka éta nu ngaranna maling, hah!

MPO’ HAYATI
Ayé mah lain maling, Menir...

TUAN KAWASA
(NYAKAKAK)
Lain maling? Lamun lain maling, nya naon atuh sebutanana, hah? Kowé nincak ieu taman, bari jeung ieu taman téh taman larangan, teu meunang diasupan ku inlander macem kowé, tuluy kowé nyieun riributan, naha éta ngaranna lain maling?!
(KA CINOT JEUNG CENTÉNG) Héh, Cinot, Centéng..., coba caritakeun ka ik... ku naon ieu awéwé bisa nyieun riceuw di ieu taman, hah?

CENTÉNG
Nu jelas mah, Menir, pokona ieu istri geus wawantunan ngahina Juragan Istri!

TUAN KAWASA
Hah? Wani-wani ngahina Nyai? Coba caritakeun, ngahina kumaha maksud kowé?!

CENTÉNG
Eu..., ngajak berantem ka Juragan Istri, Menir...

TUAN KAWASA
Ku naon ieu awéwé ngajak berantem ka Nyai, tangtuna kan aya sabab-musababna... Cing dongéngkeun, Centéng!

CENTÉNG
(KA CINOT)
Wah, geus jebrog-jebrog kieu, koq Menir Willem mani hayang baé dibéré dongéng téh nya, Cinot?
(KA TUAN KAWASA)
Dongéng naon, Menir? Dongéng Cinderélla jeung Sapatu Kaca, atawa dongéng Sakadang Monyét jeung Sakadang Buaya?

TUAN KAWASA
Héh, Centéng, kowé montong macem-macem nya ka ik! Naha beungeut ik téh siga tukang ngabodor, hah? Kowé kudu nyaho, ik kacida serius ngungkulan ieu masalah. Jadi, cing caritakeun ka ik, ku naon ieu Si Hayati bet ngajak gelut ka Nyai?!

CENTÉNG
Wah..., pami éta mah ayé ogé teu terang, Menir. Cinot tuh, nu terangeun mah... Da sa-jolna ayé ogé, éta nu garelut téh geus ngawitan.

TUAN KAWASA
(KA CINOT)
Cinot! Cing kumaha dongéngna ieu téh!

CINOT
(KA NYAI DASIMAH)
Saéna mah, Agan Istri wé nu nyarios, Agan...

TUAN KAWASA
(KA NYAI DASIMAH)
Nyai...?

NYAI DASIMAH NGAN SAUKUR NGELUK. MPO’ HAYATI ASA BOGA KASEMPETAN.

MPO’ HAYATI
Ku ayé wé, Menir... Kan ayé nu ngajak berantemna ogé...

TUAN KAWASA
Naha kowé bisa dipercaya, hah? Naha kowé moal nyieun isu nu menyesatkan?

MPO’ HAYATI
Aya saksina, Menir. Nu aya di dieu bisa jadi saksi... (NGINGHAK) Menir..., haté awéwé mana nu kuat nyaksian salakina diiwat batur... Ayé pinter maén ceki, ayé pinter maén po ogé, teu kuat ieu haté. Teu kuat! Teu kuat...!

TUAN KAWASA
Ku naon kowé bet ceurik, hah? Di dieu mah lain tempat konsultasi, jadi tong nyaritakeun salaki kowé nu cenah nyolowédor. Di dieu ogé lain kantor suratkabar, nu bisa nyiarkeun jeung ngabahas pasoalan kowé.

MPO’ HAYATI
(KEUHEUL, TULUY NGOCÉAK)
Salaki aya nu ngiwat ... a... a... a...!!!
Naha nasib téh bet goréng kieu...?! Beurang teu bisa saré, peuting teu bisa dahar mikiran salaki aya nu ngiwat… a… a… a…

CINOT
Tibalik tuh, kalimatna, Mpo’...!

MPO’ HAYATI
(MUNCERENG, TIPOPOLOTOT KA CINOT)
Tibalik kumaha? Geus jelas kan, peuting teu bisa saré, beurang teu bisa dahar…!

CENTÉNG
Enya, nu diomongkeun bieu mah... Beurang teu bisa saré, peuting teu bisa dahar…

MPO’ HAYATI
Ku naon sih elu nyieun waé masalah…?! Tibalik saeutik waé jadi perkara...!
(CEURIK DEUI GEGERUNGAN).

TUAN KAWASA
Meunggeus, meunggeus! Ik teu hayang ngadéngé deui kowé ceurik sesegrukan! Komo deui nepi ka gegerungan kitu! Jadi, salaki kowé téh direbut batur?
(HAYATI UNGGEUK, BARI NYUSUTAN CIPANONNA NU MURUBUT)
Saha awéwéna nu téga ngarebutna ti kowé, hah?

MPO’ HAYATI
Mangkelukna henteu jauh ti Menir...

TUAN KAWASA
(KA CINOT)
Kowé, Cinot?

CINOT
Is, wani sumpah, Menir. Wani disamber glédék. Ayé mah henteu rumaos geus ngarebut salaki batur.

TUAN KAWASA NEUTEUP SEUKEUT KA NYAI DASIMAH. NU DITEUTEUP TEU WASA NYENGKATKEUN BEUNGEUTNA.

TUAN KAWASA
Kowé, Nyai?

KALAWAN ASA-ASA, BARI JEUNG TETEP TUNGKUL, NYAI DASIMAH UNGGEUK.(Hanca)

           Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya