Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Simponi Asih

Rabu, 6 Februari 2013

pan urang kungsi nyeueung ti dieu; marakbakna lampu-lampu kota di lamping pasir
lir baranang béntang nu bisa diajul
ngaharéwoskeun kecap asih nu ngaléok diendagkeun héosna angin peuting ngadalingding

pan urang kungsi nyacapkeun carita demi carita
muru jalan néték-mudun
milangan daun-daun maluguran teu miduli usum

pan urang kungsi kemba; sora urang bangun peuyeuh kacida
diteureuy mangsa
ngahaleuangkeun simponi asih dina eurih jaman nu sarwa ngarobéda

2005

    Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya