TKW
Bi Wati. Welasan taun jadi TKW. Mulang. Saking bungah, kulawargana tatahar pikeun ngabagéakeun. Mulas imah. Popolah kadaharan. Sukuran, ngangkir Pa Ustad.
Bi Wati, teu bérag. Ngemu bangbaluh. Sedih. Jarauh panineungan. Sakitu, pada muru, pada ngagabrug, pada nyiuman jeung pada nyalaman ku kabéh tatanggana. Angger wé, nguyung.
Pangaosan lekasan. Di tengah rohangan, ngariung. Demi murak oléh-oléh. Koper nu gedena pantar kulkas dibuka, eusina sarupaning pakéan. Koper séjén, dieusi ku kadaharan, has nagri deungeun. Dibagi-bagi. Pahibut, nyarobaan baju. Ciweuh, ngarasaan kadaharan. Gogonjakan, suka bungah. Nyeungseurikeu diri séwang-séwangan.
Jep jempling, siga gaang katincak. Basa nempo Bi Wati, nanggeuy cepuk wadah perhiasan. “Akang mah érloji wé, ngarah teu hésé nyirian wanci Solat!” ceuk salakina. “Nénéng mah giwang wé!” Si Bungsu nyelengkeung. “Hoyong lélépén, Ema mah!” mitohana, sieun teu kabagéan. Bi Wati, kalah ngaheruk, cipanonna murubut teu kaampeuh. Barang cepuk dibuka, eusina; kuku, huntu, sabuku curuk jeung sasebit daun ceulina.* Gaus Firdaus-kisuta.com


