Nu Datang Mawa Kamelang
IMAH potongan baheula. Dina korsi tepas, hiji awéwé umur
tilu puluh lima taunan keur muih-muih tasbéh. Biwirna
karérét keur babacaan. Keureutan beungeutna nu geulis,
leuwih cahayaan, katambahan ku gurat sabar na sorot
panonna.
"Mah....Nénéng tos réngsé ngadamel PR. Tos ngupingkeun
deui dongéng nu énggal. Bapa mah pinter ngadongéng, nya
mah?" Budak umur salapan taunan meni capétang
nyaritana.
"Ngadongéng naon bapa téh, geulis?" Imut, bari tuluy
metot anakna lalaunan. Dilahun. Ditangkeup ti tukang.
"Ngadongéng taman sareng walungan nu caina aya tujuh
rupi. Saur bapa mah, seungit caina téh. Nénéng hoyong
ngiring ka bapa, tapi saur bapa, tong waka ayeuna." Teu
weléh capétang.
Manéhna imut deui. Mageuhan tangkeupan, bari gado
diusap-usap kana sirah anakna.* Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


