Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Simponi Dunya Kelas Teri

Kamis, 7 Februari 2013

Kungsi na hiji waktu; Anjeun lumengis
nyeungceurikan waktu detik demi detik
lantaran matapoé béakeun sorotna di bumi
Hégakan napas bangun nu teu maliré anjeun
Tatangkalan nu rajeg sapanjang jalan liliwatan
bangun nganaha-naha. Padahal maranéhna gé teu
kasaba ku sorot matapoé. Ngarangrangan
duh ngarangrangan

Kungsi na hiji waktu; Anjeun jumerit
ngorédaskeun cimata nu ngan kari sakorédaseun
nyeungceurikan sukma nu ilang duka balabuh di mana
Dangdaunan nu tingarudat taya kendatna
bangun teu honcéwang leungiteun sorot matapoé
Padahal maranéhna gé geus mangtaun-taun
maluguran
duh maluguran

Kungsi na hiji waktu; Anjeun gulang-guling
gulinggasahan natanyakeun sajarah. Sajarah nu
ilang kabawa gulidagna caah déngdéng globalisasi
Padahal di dieu langit bihari masih kénéh mayungan
jiwa-jiwa hanaang. Sora anjeun méh béakeun tanaga;
"Peradaban! Globalisasi! Kamerdékaan!" gorowok anjeun
méh mapakan langit (Kapan langit kungsi eundeur
kapan méga kungsi nyingray, da sora anjeun handaruan
ngoyag-ngoyag eusining jagat)

Kungsi na hiji waktu. Enya. Kungsi na hiji waktu; sora
anjeun lumengis nyeungceurikan jaman
Nyeungceurikan sajarah. Nyeungceurikan peradaban. Nyeungceurikan globalisasi. Nyeungceurikan kamerdékaan. Nyeungceurikan
dunya nu ahéng!

Januari, 1996

 Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya