Ojég
MULANG ngantor, rada burit. Kandaraan nu sasari dipaké, ngabagug di béngkél. Kapaksa, naék angkot. Da euweuh nu ngajemput, Si Papah keur ka luar kota. Turun tina angkot di jalan gede, kudu diteruskeun naék ojég.
Haroréamna nataku, kararagok, ragab. Pangpangna mah sieun. Loba kacaritakeun nu dibawa kabur, dirogahala dirarad pakayana, atawa digadabah diala ngeungeunahna.
Anjog ka pangkalan, aya ku atoh, teu sidikna surak. Kabeneran pisan tukang ojégna, aya nu awéwé. Katémbongna geus rada umuran. Keur ngetém, anjeucleu diuk dina motor, bari ngarancét sirahna. Ngoréjat, ngagupayan. Jrut turun siga nu lulungu, dadaligdeugan. Disorobot ku tukang ojég séjén, “Bu, mangga nganggo motor nu payun!” Teu antaparah, éta tukang ojég nu awéwé téh morongos, “Anjiiing…! Ngaing heula!” Bari terus nyoroscos, sorana nyéplés nu keur ngagelom ésbonbon. Buru-buru tukang ojég nu leungeunna rocét pinuh ku tato, ngajéwang. “Sia, teu kontrol, notor alkohol! Montong waka narik!” “Kaleuuum… sirah beurat, sorrriii… brow…!”* Gaus Firdaus-kisuta.com


