Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari

Siliwangi teh Prabu Niskala Wastukancana?

Jumat, 8 Februari 2013

CARITA ngeunaan Prabu Sili­wangi anu salila ieu dipi­kawa­noh ku urang Sunda sae­nyana ukur aya dina legénda, mitos, babad, ca­rita pantun jeung wawacan. Har­tina dina sajarah mah teu kacatur raja di we­wengkon Sunda nu nga­ran­na Pra­bu Siliwangi. Dina  saba­ba­raha buk­ti sa­ja­rah nu tinulis, nas­kah jeung pra­sasti, teu nyebutkeun sacara langsung nga­ran Prabu Siliwangi.

Dina mitologi urang Sunda, Pra­bu Siliwangi dipatalikeun jeung ka­rajaan Pajajaran di Pakuan Bogor. Ieu ra­ja kaceluk sakti mandraguna, adil jeung wijaksana dina ngeuyeuk da­yeuh ngo­lah nagara jeung leuwih ngu­ta­ma­keun kapentingan rayat. Ku kapa­mingpi­na­na, Pa­ja­jaran jadi na­ga­ra nu subur ma’mur, sepi paling, towong rampog.

Prabu Siliwangi dipaké modél ka­pamingpinan di Tatar Sunda. Dina ung­gal ­gem­pungan nu nyawala­keun soal kapamingpinan di Jawa Barat, Prabu Siliwangi teu weléh disabit-sabit. Lian ti éta, Karajaan Pa­ja­ja­ran gé di­pa­ké conto kumaha panga­ruh  pamingpin nu adil jeung wijaksana; na­gara aman, masarakatna raharja, teu ku­rang sandang pa­ngan.

Masih dina mitos, di Karajaan Pajajaran, Prabu Siliwangi téh raja pamungkas. Dica­turkeun burak­rak­anana Paja­ja­ran alatan kadéséh ku pasukan Is­lam ti Banten jeung Ci­rebon. Pama­ji­ka­na­na, Subang­larang jeung anak­na, Kéan Santang arasup aga­ma Is­lam. Prabu Siliwangi najan terus-te­rusan didongsok tetep nga­gem aga­ma sa­mé­méhna. Pra­bu Si­li­wangi ahirna milih nga­hiang.

Tempat anu dianggap titinggal Prabu Siliwangi tepi ka danget ieu masih tetep dipiara, malah mah min­deng dipaké jiarah. Upamana wae, Leuweung Sancang di pakidulan Ga­rut, Pasir Badigul Ranca­ma­ya Bogor, Batu Tapak di Cidaun Cianjur Kidul, jeung réa-réa deui.

Ku sabab ukur aya dina legénda, mitos, wawacan, pantun jeung babad, para ahli sajarah geus lila ngemu ka­panasaran: Saha sabenerna Prabu Si­li­wangi téh. Rupa-rupa pamanggih jul-jol. “Prabu Siliwangi téh ju­juluk ka raja-raja Sunda sanggeus kajadian Perang Bubat,” ceuk Da­day Hendarman Pradja, ketua Pa­gu­yuban Buda­ya­wan Seniman (Pa­seban) Ka­wali Ciamis.

Waktu kajadian Perang Bubat, di puseur dayeuh Majapahit keur hem­pak raja-raja sa-Nusantara nu geus jadi patalukan Majapahit. Ka­béh nyak­sian kapahlawanan Prabu Ma­ha­ra­ja Linggabuana, raja Sunda nu pu­seur karajaanana di Kawali Ciamis, dina ngabéla jeung mertahankeun ka­hormatanana tepi ka nge­masing pati di médan laga.

Di Majapahit kénéh, ku raja-raja sa- Dwi Pantara (Nusantara) Prabu Ma­haraja Linggabuana jadi catur jeung diparuji. Sanggeus balik deui ka nagarana séwang-séwangan, ka­pah­lawanan Prabu Ma­haraja Ling­gabuana  ditepikeun deui ka ma­sa­rakatna, pikeun tuladaneun. Antukna Prabu Maharaja Linggabuana téh kamashur sa-Nu­santara.

Ngaran Prabu Maharaja Ling­gabuana  seungit nyambuang ka ma­mana.. “Ka­wa­wangi­keunana Prabu Maharaja Ling­­­ga­bua­na ngahudang kareueus rayat di Tatar Sunda, ka­reueus man­­tri jeung ang­ka­tan perang ka­rajaan Sunda. Kitu deui katuru­nan Prabu Maharaja Lingga­buana,” ceuk Daday deui.

Ngeunaan kawawangikeunana Prabu Maharaja Linggabuana, Da­day nyambung caritaanana, kaung­gel dina Pustaka Rajyarajya i Bumi Nu­santara (PRiBN) Parwa II sarga 2.  “Du­masar seungitna ieu, Prabu Ling­gabuana saterusna meunang ju­juluk Prabu Wangi, dina PRiBN ogé disebutkeun turunan Prabu Ling­gabuana aya nu boga jujuluk Si­liwangi,” pokna.

Dina buku Byapara Purbatista (1997) jenatna Ayatrohaédi, saja­ra­wan, arkéolog jeung guru besar Fa­kultas Ilmu Budaya Universitas In­do­nesia (UI) nyebutkeun PRiBN nétélakeun sabenerna taya hiji oge raja Sunda nu ngaranna Siliwangi, umumna masarakat Sunda nyebut ka rajana téh Prabu Siliwangi. Hen­teu nyebut ngaran sabenerna.

Jujuluk Prabu Wangi, masih dumasar PRiBN,  ditujukeun ka Prabu Ling­gabuana. Turunana dipika­wa­noh ku sebutan Prabu Siliwangi, har­tina nu ngaganti Prabu Wangi. Anu jadi panalékan saterusna, saha atuh nu meunang julukan Prabu Siliwangi nu ku urang Sunda diajénan jeung dipihormat pisan?

Ti taun 1960-an, sajarawan Sun­­da, di antarana Moh. Amir Su­taarga, Ayatroéhadi, Aca, jeung Saléh Dana­sasmita, geus nyoba-nyo­ba ngung­kab ngeunaan sa­ha-sahana Prabu Siliwangi. Du­masar kana hasil pana­lungti­ka­na­na, bisa dicindekeun aya dua raja Sunda nu meunang ju­lu­kan Prabu Siliwangi: Prabu Nis­kala Was­tukancana jeung Sri Ba­du­ga Ma­haraja. Nu nganggap Prabu Sili­wa­ngi téh sri Baduga Maharaja di antarana Saléh Danasasmita.

Ari Ayatrohaédi mah nyebutkeun, anu meunang julukan Prabu Siliwangi téh Prabu Niskala Was­tu­kan­cana nu ngaganti Prabu Ling­ga­buana. Ha­rita puseur karajaanana di Ka­wali Ciamis. Aya tilu hal nu di­paké ku Ayatrohaedi keur nguatkeun pamanggihna. Kahiji, dumasar ba­bad, Siliwangi jadi raja henteu langsung ngaganti bapana, aya nu nyelangan heula.

Kadua, Siliwangi kudu hirup ja­man awal-awal Islam asup ka we­wengkon nu ayeuna disebut Jawa Barat. Anu katilu, anu meunang julu­kan Prabu Siliwangi téh kudu raja nu gedé pisan jasana keur ngamajukeun na­gara jeung ngaraharja­keun masa­ra­katna. Dina sababaraha sumber, ja­man pamaréntahan Pra­bu Siliwangi di­jéntrékeun karajaan Sunda ge­mah ripah lohjinawi, subur ma’mur.

Dumasar kana sumber sajarah nu geus diaku, ceuk Ayatrohaedi, anu luyu kana tilu tinimbangan bieu, taya lian ti Prabu Niskala Was­tu­kancana. Waktu Pra­bu Lingga­bua­na ka Ma­japahit, Was­tukancana teu diba­wa, lantaran budak kénéh. Ku perlayana Prabu Linggabuana di Bubat, Wastu­kan­cana teu langsung jadi raja.

Anu nyelanganana téh Mang­ku­bumi Suradipati atawa Hyang Buni­sora, meunang 14 taun (1357-1371). Sanggeus Wastukancana déwasa karék dipasrahan nagara. Prabu Wastukancana nu waktu diistréna­na­na make makuta Bino­ka­sih nu ayeuna jadi koléksi Mu­seum Geusan Ulun Sumedang, je­neng raja Sunda lilana 104 taun (1371-1475).

Dina Carita Prahyangan (CP) nu geus diaku minangka sumber sajarah, disebutkeun jaman pama­rentahan Prabu Wastukancana, ka­rajaan Sunda téh aman teng­trem, rahayatna raharja, tanahna su­bur ma’mur tepi ka sepi paling towong rampog, aparat karaja­a­nana bener-be­ner ngajalankeun tugasna. Was­tu­kancana téh raja nu adil jeung wi­jak­sana. Alam ogé tepi ka teu wa­ni­eun nembongkeun wewesénna.

Ayatrohaédi teu satujueun kana pamanggih Prabu Siliwangi téh Sri Baduga Maharaja (1482-1521), raja Sunda nu ibu kota karajaanana di Pakuan Pajajaran (Bogor). Alesanana ngaran Siliwangi  geus dipikawanoh taun 1518, dina carita pantun jeung dina Sanghyang Siksa Kanda ng Ka­resyan.

Ceuk Ayatrohaédi,  piraku tokoh nu keur aya dikieuna kénéh bisa tepi ka dipedar dina carita atawa dina naskah. Meureun raja nu dicaritakeunana téh raja nu geus lila ninggalkeun alam pawenangan jeung perlu dipiéling terus sabab jasa-jasana gedé. Dijieun carita pantun jeung dicatet dina naskah sanggeus 40 taun Niskala Was­tukencana per­laya.* Nanang Supriatna-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya