Sastra & Humor
Sajak
Monolog Kasareupnakeun
Jumat, 8 Februari 2013
tiktek wéker
muka pananggalan
satanggal
satanggal
tiktek wéker
nété wanci
sausum
sausum
tiktek wéker
ngitung detik
sadetik
sadetik
tiktek wéker
nincak sekon
sasekon
sasekon
tiktek wéker
ngungkab catetan
salambar
salambar
tiktek wéker
milang napas
sadami
sadami
tiktek wéker
ngukur ketug jajantung
saketug
saketug
tiktek wéker
nataan léngkah
satapak
satapak
tiktek wéker
ngadodoho hirup
saronghéapan
saronghéapan
tiktek wéker
mapayan umur
sarénghapan
sarénghapan
tiktek wéker
muru ka congo
sahambalan
sahambalan
tiktek wéker
tiktek
tik
ték
2006
Rosyid E. Abby-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


