Sastra & Humor
Fikmin
Nu Indit Teu Ngusap Birit
Sabtu, 9 Februari 2013
"HAMPURA, nya! Bisi uing paéh isuk," pokna bari ngaléos. Harita. Basa langit keur burahay. Teu kungsi lila taneuh ujug-ujug ngabeletrak kawas batu.
Balencar. Manéhna tuluy ngungkug ka kulonkeun. Siga nu rék ngaduruk warugana ku layung nu ngaréraban langit. Ti harita. Teu tembong deui ringkangna. Ukur sorana nu ngageunggeuik. Melas-melis. Saban langit ngarungkupkeun jangjangna. "Sit... sit... sit... sit, sit sit sit siiiiiiit...!"* Nana Sukmana-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


