Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Maranan

Sabtu, 9 Februari 2013

Sanajan ukur aweuhan na jero dada. Rumpaka tresna nu ngengklak, teu burung nyiak mulas beungeut nu kemba. Kuring emok, ngeluk jeung nu jadi adi tukangeun ambu.Abah kuring jeung abah maneh. Guntreng cacarita ngalor-ngidul, nu pamustungana nepikeun pamaksudan maneh. Cenah matak datang maranan ka imah kuring, taya lain arek ngalamar susuganan ditarima. Burinyay beledag! Sora-sora tatit, ngawewejet harepan kuring. Basa ngarungu sora abah maneh yen maneh kadieu teh arek ngalamar Si Esih, adi kuring.* Kang IsMaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya