Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Simponi Diri

Minggu, 10 Februari 2013

jalan satapak. Ukur milangan léngkah

mapay-mapay sisi wahangan. Teu nyaho

ka mana brasna; Rémbet kakayon angger kénéh

nyaliara na jajalaneun

sorangeun

jalan satapak. Ukur milangan tapak

jeung tapak. Mayakpak kembang na tangkal samoja

liliwatan jalan. Ukur nurihkeun kalewang

ngalungkawing

jalan ning éstu ngabulungbung

ngan diri teu bisa mangprung

2005 

     Rosyid E. Abby-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya