Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Satutas Ngusap Buuk Manéhna

Minggu, 10 Februari 2013

UKUR sora cai pancuran nu kapireng. Ngawirahma sapanjang peuting. Lalangit kamar rupa-rupa pulasna, pulas sésa cai hujan karérét pangatrana. Dampal leungeun katuhu, diteundeun hareupeun biwir. Diseuseup. Panon peureum. Bray, aya seuri jeung sora manéhna. Diseuseup beuki jero. Simpé beuki seungit kaangseuna. Peuting mingkin ngolotan. "Mun subuh tangtu kakumbah ieu dampal. Lila-lila tangtu bakal luntur ku mangsa. Kuring embung leungiteun seuri jeung sorana!" Aya jerit nu teu kedal. Dampal leungeun katuhu diseuseup deui. Dicekelan ku leungeun kénca. Aya getih ngareclakkan. Seungitna moal kamamana. Diteundeun. Dibulen ku boéh sésa.* Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya