Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Kasundaan

Wangsit Siliwangi (2)

Senin, 11 Februari 2013

Daréngékeun! Nu kiwari nga­­­mu­suhan urang, jaradi raja­na ngan bakal nepi mangsa  ta­nah bugel sisi Ci­ban­taeun diji­eun kandang kebo dong­kol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sam­palan, sampalan kebo baru­lé, nu dia­ngon ku jalma jang­kung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Ke­bo bulé nyekel bubuntut, tu­runan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditum­pa­kan ku­nyuk, laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lala­kon! Ti dinya géhgér sanagara. Panto nutup dibuburak ku nu ngaranteur pamuka jalan, tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh, alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur, laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah beak ku monyét, cawéné rareu­neuh ku monyet. Sagala-gala di­ran­jah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu ni­ru-niru mo­nyét. Panarat dicekel ku monyét bari diuk dina bubuntut. Wa­lukuna ditarik ku turunan urang kénéh. Loba nu paraéh kalapa­ran. Ti dinya  turunan urang nga­­rep-nga­rep pelak ja­gong, sabari nya­nya­hoanan maresék caturangga. Han­teu are­ngeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sa­gara kalér ngaguruh nga­gulugur, ga­ludra megarkeun en­dog. Genjlong saamparan jagat! Ari di urang? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rum­­puyuk. Laju ngamuk turu­nan urang, ngamukna teu jeung aturan. Loba nu paraéh teu boga do­sa. Pu­guh musuh  dijieun ba­tur, puguh ba­tur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pang­kat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah ba­ri­ngung, ba­ru­dak satepak jaradi bapa. Nu nga­ramuk tambah rosa, ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu hari­deung disieuh-sieuh. Mani sa­héng bu­a­na urang, sabab nu nga­­ramuk henteu béda tina tawon di­paléngpéng keuna sa­yang­na. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nya­pih, nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dé­wata. Da puguh titisan ra­ja, raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon!

Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kali­wa­t­an ku béntang ca­ang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui ka­rajaan. Ka­rajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Paja­jaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun la­wang teu beunang dibuka, nang­tung­keun panto teu beunang ditutup, nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta du­ru­wiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah.

Sakalina aya nu wani nga­geuing, nu diporog mah lain sa­to­na, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bu­buntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan  da nu nga­­wa­lu­ku­na lain jalma tukang tani. Nya karuhan  taraté hépé sawa­réh, kem­bang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan. Da bonga­nan, nu ngebonna tukang ba­ro­hong, nu tanina ngan wung­kul jangji, nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuing­keun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna ka­­balinger, hayang meunang so­rangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beu­­reum, haseup ngebul tina pi­runan. Bo­ro-boro dék ngawaro, malah bu­dak nu janggotan  ku arinyana di­téwak diasupkeun ka pangbé­rokan. La­ju arinyana nga­­wut-nga­wut dapur batur, ma­­jar­keun néangan musuh pa­dahal ari­nya­na nyiar-nyiar pi­mu­­suheun.

Sing waspada! Sabab eng­ké ari­nyana  bakal nyaram Pa­ja­ja­ran di­do­ngéngkeun. Sa­bab sari­eu­neun kanyahoan  saenya­na ari­­nyana anu jadi ga­ra-gara sa­gala jadi dangdarat. Buta-bu­ta nu baruta mingkin hareup ming­­­­kin be­degong, ngaleuwihan ke­bo bulé. Arinyana teu nya­raho, jaman ma­­nusa dika­wasaan ku sato!

Jayana buta-buta  hanteu pa­ti lila, tapi, bongan kacarida teuing nyang­sara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun, buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Eng­­ké, mun geus tembong bu­dak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gé­lo marantuan nu garelut, di­ko­kolotan ku budak bunci­reung! Ma­­takna garelut? Mare­butkeun warisan. Nu hawek ha­yang loba  nu boga hak ma­rénta bagia­na­na. Ngan nu aréling ca­ricing. Ari­nyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh  la­ju kakara arengeuh  kabéh ge ta­ya nu meunang bagian. Sabab warisan sa­ka­béh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-bu­ta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditem­puh­keun leungitna nagara. Laju na­réangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu diha­teup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana bu­dak tum­­bal. Sejana dék marénta tum­­bal. Tapi, budak angon eng­geus euweuh, geus narindak ba­barengan jeung budak anu janggotan  geus ma­riang pindah nga­­babakan, pa­rindah ka Lebak Cawéné! Nu kasampak ngan ka­ri gagak, keur ngelak dina tu­tung­gul.

Daréngékeun! Jaman bakal gan­ti deui. Tapi engke, lamun Gu­­­nung Ge­­dé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sa­ja­jagat. Urang Sunda disarambat, urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sa­hiji deui. Nusa Jaya, jaya deui  sa­bab ngadeg ratu adil, ratu adil nu sa­jati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Eng­ké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!”*** kisuta.com

(Wangsit  Siliwangi ieu  nu ceuk sakaol diucapkeun  saméméh Pra­bu Sili­wangi ngahiang didugikeun ku Bp Idrus Gunawan ti Panaruban Ciater Subang)


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya