Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Tengah Bulan

Senin, 11 Februari 2013

GEUS puluhan taun, jadi pagawé pamaréntah. Can pernah nyabak deui SK. Da nyayang waé di bank. Tengah bulan bayeungyang. Rét kana keretas, anu némpél dina témbok. Catetan kasbon béréndél. Si Bungsu ngingsreuk, diusapan ku indungna. Di luar réang kunu dagang. Rét kana céngcéléngan hayam jago. Tuluy dicokot. Teu antaparah deui dipeupeuskeun. “Mah, antos nya! Bapa ka warung heula,”cekéng. Teu némbalan, ukur unggeuk bari meureudeuy. Datang ti warung asup jalan dapur. Bray panto dibuka. Gebeg. Kasampak si Cikal keur ngaheruk, rambisak, ngagaléntoran hulu céngcéléngan.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya