Nu Nyumput Na Cangkang
KABAYANG kénéh kanyaah nu jadi guru. Sabot harita, basa tilu taun masantrén di anjeuna, lain ngan saukur élmuna. Kadaharan jeung nu séjéna, éstu ditomplokkeun ka kuring.
Sono hayang ngadeuheus. Kabeneran aya acara pangajian bulanan. Ti subuh kénéh geus siap-siap. Hayang rada nyalsé di dituna. Pantalon hideung, kaméja bodas jeung ketu hideung. Sup kana beus. Dus dijingjing ku leungeun katuhu. Aya jok kosong hiji deui. Gék. Rét. Pamuda jabrig keur udud. Calanana soék sabeulah lebah pingpingna. Kaos hideungna belél. Kadang-kadang ngingsreuk, tuluy nyusutkeun irung kana tuur kencana nu ditaékeun kana jok. "Salah gaul budak téh. Sok ngalegleg narkoba, sigana," ceuk kuring, jeroning haté. Jol ka imah nu jadi guru. "Geus lila, Jang. Teu ka dieu nya?" Ceuk anjeuna. Ti rohang tukang aya nu norojol. Pamuda nu tadi na beus. "Encép, linggih di palih dieu." Anjeuna ngahiap si pamuda. Tuluy nyarita ka kuring "Nepangkeun, Jang. Ieu teh putra pun guru ti Tasik. Engke wengi, anjeuna nu bade maparin tausiyah teh."* Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


