Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Sapanjang Jalan Satapak

Selasa, 12 Februari 2013

GEUS tilu taun. Mapay-mapay, nunutur nu katingali ku tungtung teuteupna. Kadang cicing handapeun kiara, kadang ancrub kana susukan leutik, ngeueumkeun sukuna.
Awakna geus rengkung. Sorot panonna ngemu kabingung. "Deudeuh teuing Si Abah. Geus pikun mah tara ditoél-toél acan korsi goyang kameumeutna. Komo mérsi hideung nu unggal usik nganteur ka tempat pangulinan karesepna mah...." Nu diomongkeun angger anteng jeung léngkahna. Léngkah nu simpé. Euweuh sora nu kadéngé, iwal ketug jajantung jeung sora pamajikannana nu tilu taun katukang geus teu aya dikieuna.* Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya