Gelik Suling di Mumunggang
AYA nu kungsi cucungah hayang ngarawél béntang. Nepi ka hanteuna. Mangsa pakanci. Widadari saba gunung. Ngumbar panineungan.
Pasosoré. Angin rintih ngagilisir, ngusapan nu geulis nu keur ngalangeu di saung ranggon. Panonna beueus. Reup peureum. “Endén! Akang campelak, rumaos lain turubna!” Mamay ngageléhé. Mangsa éndah. Sora éta meni nongtoréng. “Kang, nyuling deui ah!” Gebeg. Nyah beunta. Rét kana tambang nu nyangreud dina tihang. Segruk ceurik, bangun kanyenyerian. Sora titiran ngelak keur tembang tonggoheun pasir, nambahan ketir. Barang keur kitu, hawar-hawar aya sora suling, melas-melis. Mamay ngoréjat, curinghak. “Akang…! Akang kitu, nu nyuling téh?” Mamay rungah-ringeuh. Sora suling les-lesan kabawa angin. Torojol Bi Odah. Olohok nempo Mamay keur ngaguk-guk. “Euleuh! Ku naon Endén!?” Gabrug dirontok. “Bi, si Akang teu wiat saur?” Bi Odah teu némbal. Ukur rambisak. Bréh, waktu anakna keur nyuuh kana dampal suku dununganana, anu keur ngalugas bedog. Wanci geus reup-reupan. Sora suling kadéngé deui.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


