Sastra & Humor
Fikmin
Sanggeus Papisah
Rabu, 13 Februari 2013
ASA cikénéh anyaclang. Geblus. Bangkéna geus ucutan. Manéhna karék sadar. Cinutrung ngaheruk, na seueukeut keueung.
“Aing keur di mana ieu téh?” Pokna. Rét deui kana bangkéna. Siki panona kari sabeulah, nu hiji keur dipacokan gagak. Hing ceurik. Bréh nu sigrong, urut cicingna. Beunangna. Nu geulis ganti lalayaran. Disanding nu lian. Ganti keris. Si Cikal keur dugem. Si Bungsu balakécrakan. Botol pasoléngkrah. Bréh, tempat gawéna. Korsi panghareupna. Urut ngabaheuhay, mangsa dirariung ku baladna. Rét deui kana urut kurungna. Gebeg. Kari tulang-taléng. Cacing ngahunyud, baluncir. Barang keur kitu aya nu ngagerem. Handaruan. Laju tanggah. Gegendir burahay meunang meuleum. Kocéak. Kitu jeung kitu.* Yuharno Uyuh-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


