Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Siklus Nu Teu Muih

Rabu, 13 Februari 2013

PABEUBEURANG. Cindekul handapeun tangkal buah. Meusmeus taneuh dikoréhan. Kalan-kalan jiga nu ngotrétkeun gagambaran. Ihsan uplek jeung Sarah, adina. “Ti dieu, engké urang bakal ka dieu!” Awi sapotong tutunjuk. Mertélakeun. “Ieu, jiga gambar anu dicandak ku Bapa saacan angkat, A?” Daria pisan Sarah nanyana. Ihsan unggeuk. Sajongjonan simpé. “Bapa ayeuna aya dimana, A?” Awi ngésér. Gambar pajaratan. “Bakal uih deui, A?” Neuteup anteb lanceukna. Ihsan, ngeluk. Aya nu miripis tina juru panona….* Apoedy Sarah Ihsan-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya