Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Antara Kuring Jeung Hujan

Rabu, 13 Februari 2013

KAMARI. Hujan geus nepungan. Taneuh jadi beueus. Jujukutan jeung matapoé cipruk, kabulusan. Dina unggal keclakna, kuring néangan hiji ngaran, nu mangtaun-taun teu leungit tina ingetan. "Kudu gantawang nu kumaha deui nu kudu dijorowokeun. Sangkan kasono panggih jeung hinisna!" Dina sela-sela hujan kuring nganteurkeun rasa pangpaitna. "Mun enya aya katresna. Naha kalangkang can pernah nyimbutan?" Nu nyésa kari girimis. Maturan rasa nu mingkin tiis.* Ahmad Fawzy Imron-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya