Talak Tilu
LILIS ukur ngabetem, teu lemék teu nyarék. Paromanna éstu teu riuk-riuk acan. Ukur Darman anu katingali élékésékéng teu ngeunah cicing, hayang geura-geura meunang kapastian.
“Lis, rumasa Akang geus kaliasan. Tapi, jujur akang téh gedé kénéh duriat ka Lilis!”
“Tapi, urang téh tos jelas papirak, Akang atos kedal ucap ngaragragkeun talak tilu sakalian!”
“Akang kaduhung, ngomong kitu soténan duméh keur napsu wungkul!”
“Sagalana tos kajantenan teu tiasa dibalikan, mung hiji jalan urang tiasa deui sasarengan, nyaéta kedah aya heula panyelang. Akang rido abdi dipihukum ku batur kanggé saheulaanan?”
Darman ngahuleng sakedapan, tarangna katingali kerung. Sanajan bangun nu beurat ahirna mah manéhna unggeuk lalaunan.
Saminggu ti harita Lilis resmi dirapalan jeung Jang Komar, budak bujang anu nyantri pisan. Darman ukur melenguk bari nyaksian, nunggu-nunggu waktu pikeun bisa ngadahup nu ngaduakalian jeung urut pamajikan. Waktu kawas nu ngarayap, nu keur nyelang tétéla bet kajongjonan. Sumebar béja cenah ayeuna Nyi Lilis keur kakandungan.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


