Srék Kosrék
Srék…kosrék, ngosrék. Ngumpulkeun kalakay. Ngagunduk. Dirawu laju dibebeskeun kana carangka. Kalakay ragrag deui. Katebak angin. Dikosrék deui. Jauh nepika opat parapatan. Peletok, nyéré hiji potong. Peletok deui peletok deui, teuing meunang sabaraha peletok. Teu jadi pikiran. Ngosrék deui.
Rebun kénéh kitu jeung kitu. Teu gimir ku angin tiris. Teu sieun itu ieu. Ukur sieun kapiheulaan ku tukang surabi jeung tukang bubur. Éra.
Tilu rangkep maké kaos. Sirah dibulen samping belél. Training héjo. Sapatu but. Nyoléndang kantong dieusi botol ci entéh jeung sangu na misting palastik. Kencling ninggalkeun pangreureuhan. Ngosrék..kosrék.
Ah, piraku onam kapayunan ku bapa walikota. Moal enya rebun kénéh ngurilingan Bandung. Pamohalan.
Welasan taun gaul jeung kalakay ragrag. Sosobatan jeung sapu nyéré nu teu weléh kadénge ngosrék. Horéng geus saminggu si bibi euweuh. Teu ngosrék deui. Teu gujrud. Ukur kalakay anu nyaho. Pokna, si bibi kateunggar sédan. Guyang getih. Sédan mangprung. Si bibi ngulahék. Paragat nyawa. Srék kosrék….kari waasna.* Ki Denkur-kisuta.com


