Sri Panggung Sawarna
SAPRAK jonghok basa manéhna kaul di panggung Sawarna, laju baé jadi sri panggungna ngimpi kula. Adeg-adeg, usik malik, galéong, galieur, gitek, lageday, jeung cindekna, beuh Bandung jasa. Ngan hiji anu has Banten Kidul téh, rindat jeung gelenyuna.
Euweuh di Bandung rindat doang kitu. Sumpah, geus kebel nyiar urang kidul nu boga lagéan Bandungan téh. Butuh, deuk diadumaniskeun jeung ulin Turumbu Sérang.
"Kaka ti Bandung nyah?" cenah aluman-alimen, basa ménta tukeuran nomer HP.
Unggal ditelepon, diangkat-diangkatna mah, ngeun tilok cacahan, ukur hegak, jeung déhémna. Di SMS tilok males. Beuki panasaran, lain ukur butuh keur garapan, tapi ogé haté. Ngeun asa dilalaga budak satepak. Lajuna mah tara ditalék deui. Les, dileungitkeun tina impian. Sri Panggung diganti.
Hiji mangsa, kula ilu pasanggiri lagéan di Denhaag. Gedebeg. Molotot mata simeuteun. Moal kasamaran. Rindatna. Imutna. Utusan ti Malaysia nu nyokot piala, blég jasa, Sri Panggung na impian kula. Panasaran dideuleu daluang pamilon. Bréh "Group from Malaysia is The Sawarna" gambar dina daluang ngarindat bari imut.* Rohendi Pandeglang-kisuta.com


