Rusiah Budak Angon
KAJADIAN Prasasti Batutulis di Bogor anu dirogahala, Rancamaya direcah dijadikeun paimahan méwah geus diramalkeun dina Wangsit Siliwangi. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir! “Najan kitu lain hartina urang ulah terus cicingeun,” ceuk Ir. Roza Mintaredja.

Kang Oca, nénéhna ieu ketua tim Kala (Kalender) Sunda nyebutkeun sajarah jeung kakayaan urang Sunda kudu dikoréhan, dikali, terus dimekarkeun luyu jeung pajamanan. “Prabu Darmasiksa ngawanti-wanti nu teu bisa ngajaga jeung mulasara kabuyutan leuwih hina tinimbang kulit lasun (careuh, musang) dina jarian (tempat sampah)," pokna.
Kabuyutan paling henteu ngawengku kana harti patilasan, leuweung tutupan (hutan lindung), sumber-sumber kahirupan (gunung, leuweung, hulu cai, walungan, jeung sajabana). Dina harti jembar, kabuyutan téh taya lian ti lemah cai atawa tanah air. “Kabuyutan urang Sunda nya sarakan Tatar Sunda,” ceuk Ir. Oman.
Kabuyutan, sambung Ir. Oman, kudu ditéangan. “Néanganana kudu maké amparan. Amparan téh ngawengku tatahar, pangaweruh, manajemén jeung kapamingpinan. Néanganana ulah geumpeur ku panglarang, teu hiding ku panglarang, ngoréhan bari ngalawan nu ngalarang ku seuri, “ pokna.
Ngalawan nu ngalarang ku seuri hartina teu émosional, lantaran maké panarékan (pendekatan) teknis atawa ilmiah. “Ngan wayahna kudu sabar lamun heunteu buru-buru kabuka, sabab aya prosés anu kudu dipilampah. Mungkin rada lila, tepi ka salila anu keur nyukma, salila nu keur nyucrukna jumeneng,” ceuk Ir. Oman.
Budak angon téh anu néangan jeung mulasara kabuyutan. “Budak angon nu icikimpung dina usaha-usaha mulasara kabuyutan, ngoréhan bari ngalawan ka raja panyelang atawa kakawasaan saheulaaneun anu nyarék ka nu maluruh sajarahna. Budak angon teu kudu pribadi tunggal, bisa bae hiji organisasi,” ceuk Ir. Oman.
Anu dimaksud tutunggul dina wangsit Siliwangi, ceuk Ir. Oman, nyaéta sajarah jeung pangaweruh luluhur. Ari kalakay, masarakat nu gampang katebak angin, gampang kabawa ku pajamanan. “Ku budak angon tutunggul kudu dipiara, dipaké sumber inspirasi, atuh kalakay kudu diaping dijaring sangkan tatapakanana pageuh, jeung kahirupanana sina bisa ngaronjat,” pokna.
Pangaruh pamingpin nu budak angon, ditémbrakeun di antarana dina Carita Parahyangan (CP) nu medar kapamingpinan Niskala Wastukancana (1371–1475 M): Muga-muga aya nu nurutan anu geus mampuh ngawujudkeun karaharjaan masarakat tepi ka cai, cahaya, langit jeung alam ogé ngarasa betah jeung tengtrem aya dina panangtayungan pamingpin.
Salila pamaréntahan Prabu Niskala Wastu Kancana, 104 taun, di wilayah karajaanana teu kajadian musibah alam, lini, tsunami, angin lilimbungan, gunung bitu, urug (longsor), caah (banjir) sasalad panyakit jeung sajabana. “Sabab alam ogé ngarasa tengtrem dipingpin ku raja anu amanah tur anu Rakhmatan Lil Alamin,” ceuk Ir. Oman.
Prabu Niskala Wastu Kancana ngaamanatkeun ka turunana, kudu ngabiasakeun migawé kautamaan (pakéna gawé rahayu) jeung ngabiasakeun migawé karaharjaan anu sajati (pakéna kereta bener, hirup anu beresih). “Hirup anu bener téh sumber karaharjaan jeung kajayaan nagara," ceuk Ir. Oman.
Pakéna gawé rahayu jeung pakena kereta bener téh bisa ditanjeurkeun mun pamingpinna bener-bener kawas budak angon, ngokolakeun kabuyutan jeung ngaping, ngajaring anu dipingpinna. “Jadi, mun urang hayang jaya, hayu urang lahirkeun, urang citak budak angon, ku panarékan atikan jeung pangaruh lingkungan,” ceuk Ir. Oman.* NS Priyatna-kisuta.com


