Sastra & Humor
Fikmin
Ras
Kamis, 14 Februari 2013
NALIKA Nelis sumegruk, sasadu dina lahunan. Kuring ras ka Iyam, rencang purah ngasuhna waktu keur orok. Hate ngarakacak.
Hayang ngusapan gambar bulan sampulur dina kongkolak impiana nu dirorocet mangsi hideung ku lalaki nu dipicintana. Nalika amarah ruhay jadi ngabebela jero dada ka lalaki nu nyacampah Nelis, anak nu ngan hiji-hijina. Kuring ras ka Iyam, anu waktu harita teu beda jeung Nelis kiwari. Angen asa katiruk balati, ari ras kana ancaman kuring ka Iyam nu nitah ngagugurkeun kandungana.* Kang IsMaya-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


