Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Rambisak Handap

Kamis, 14 Februari 2013

SATUTAS ngalumar can pareng sapatemon deui jeung indung budak. Diitung téh méh tilu malem Jumaah. Lain pédah kapincut ku nu geulis Citraresmi atawa Dyah Pitaloka. Daék medu lain. Lain kunanaon, ngan cararapé wé. Tanaga asa suda dibawa aprak-aprakan ku Ki Suta. Basa bieu balik. Kasampak manéhna keur ngaheruk na juru kasur. Murukusunu. Ditanya ngabigeu. Ditoél kéképés. Diusapan kalah kekejet. Keup ditangkeup, nginghak. Ngabangingik sedih naker. Panonna rambisak. “Téganya…téganya…téganya…” cenah, angger nginghak. “Suwér Nyi, piraku Akang nyéléwéng. Teu pati kumaonam sotéh asa beakeun tanaga wé. Pan kudu banting tulang néangan ti sisi ti gigir keur résiko, da geuning gajih mah teu mahi," cekéng téh ngupahan. Leungeun deudeuh ngusapan awakna. Ngalelemu. Jep. Inghakna kasilih ku rénghap nu ngerepan. Haroshos. Tétéla geus kasuaykeun deui. Cipanonna nyaatan. Rambisak pindah ka handap.* Abu Ainun-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya