Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Longsor

Jumat, 15 Februari 2013

WANCI ka sorénakeun. Nu leuseuh silih teuteup. Hégakna ngendoran. Nohonan hirup, pimanaeun hurip. Pihujaneun geus ngagarayot. Méga angkeub. Si Ema jeung si Sujang, geus nahun angkeubna. Nyiruruk na saung injuk. Sisi lamping panyésaan urut nugar. Batu meunang mékprékan ngahunyud. Gigireunnana. Dumadakan gelap dor-dar. ”Beu, Jang!” pokna. Teu kebat. Paungku-ungku. Gebrét. Hujan badag teu kaampeuh. Lir anu diténgténgkeun ti langit. Aya sora ngaguruh. Bleg. Jerit. Hulu pasir pindah kana jurang. “Jang, geus teu eungap teuing ayeuna mah?” Si Ema ngarérét ka incuna. “Henteu Ma, puguh asa jadi genah ayeuna!” témbalna. Bangun semu bungah. Mobil béko ngagerung, awor jeung raongna sora anu ceurik. Si Ema jeung si Sujang nyérangkeun nu ngedukan saeur. Jol, aya nu mapagkeun. Ngabelenyéh. Laju ngabiur.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya