Perang Bubat Ceuk Urang Kawali
PANASEHAT Karajaan Sunda, kaasup Adipati Bunisora Suradipati, ngelingan Prabu Linggabuana teu gancang narima lamaran ti Hayam Wuruk. Sagala rupana kudu ditimbang-timbang kalayan asak. Komo deuih Hayam Wuruk ménta upacara kawinna lumangsung di karaton Majapahit, ieu ngarempak purbatisti purbajati kasundaan.
Prabu Linggabuana teu ngagugu. Gambaran anakna, Citraresmi atawa Dyah Pitaloka bakal jadi prameswari Hayam Wuruk, raja ti karajaan nu kamashur ngéléhkeun papagah panaséhatna jeung nyieuhkeun purbatisti purbajati Sunda: Upacara kawin kudu lumangsung di tempat pangantén awéwé, lain di tempat pangantén lalaki.
Ku sabab sabda raja mah teu beda jeung hukum, kaputusan Prabu Linggabuana taya nu wani ngalawan. "Ngadahupna Dyah Pitaloja jeung Hayam Wuruk di Majapahit direncanakeun tanggal 13 Paro Caang Badra taun 1279 Saka," ceuk Daday Hendarman Praja, inohong Kawali, Kabupatén Ciamis nu gedé pisan perhatianana ka Situs Astana Gedé.
Karajaan Sunda nu harita puseurna di Kawali, nyiapkeun sagala rupana, kaasup babawaan keur bikeuneun ka Hayam Wuruk jeung keur bebekelan salila lalampahan. Waktu harita, ti Kawali ka Jawa Timur lain lalampahan sakeudeung. Ti Kawali kudu badarat tepi ka Cirebon, ti Cirebon disambung naék kapal laut.
Pakéan keur pangantén awéwé dijieun tina kaén ulas kembang muncang, gagang senggang, sameles, seumat sahurun, anyaman cayut, sigeji, pasi-pasi, kalangkang ayakan, poléng, rengganis, paparanakan, surat awi, parigi nyéngsoh, gaganjar, lusian ageung, kampuh jayanti jeung ragén pangantén. Kabéh meunang nenun Ambu Pangeuyeuk.
Memeh bral miang, di lapang hareupeun Karaton Surawisesa nu disebut Alun-alun Sanghyang Mayadatar diayakeun upacara. Padati nu muat babawaan jeung bekel ngajajar. Mojang pangjejer nu dipingpin ku Ambu Pangasuh, pajabat karajaan nu dijejeran ku Rakean Mantri Usus jeung pini sepuh karajaan nu dipingpin ku Ki Panghulusura tatan-tatan miang.
Kasenian goong rénténg, angklung, dogdog, pandingdang, patingtun, tutunggulan lisung, karinding jeung réngkong milu ngaramékeun. Somahan (masarakat) tungkeb ka Alun-alun Mayadatar. Waktu rombongan miang nuju ka Mertasinga (Cirebon), somahan jeung kulawadet karajaan nu teu milu dituturkeun ku paneuteup tepi ka teu katempona.
Sanggeus sababaraha poé balayar, ahirna rombongan Prabu Linggabuana tepi ka nu dijugjug, Kota Trowulan, ibu kota Karajaan Majapahit di sisi walungan Brantas. "Ku Gajah Mada, rombongan teh sina masanggrahan di tegalan nu ngaranana Bubat, teu langsung ditarima di karaton Majapahit," ceuk Daday.
Karaton Majapahit harita riweuh pisan, leuwih ramé ti biasana. Kituna téh rencana ngadahupna Dyah Pitaloka jeung Hayam Wuruk mareng jeung waktuna séba upeti taunan ti karajaan patalukan Majapahit, raja-rajana sorangan daratang, sakalian rék nyaksian kawinna Hayam Wuruk jeung Dyah Pitaloka.
Pikeun urusan upeti, karajaan Majapahit nugaskeun Patih Kembar, Patih Banak, Patih Jabung Terwaes, Patih Lembu Peteng jeung Patih Gajah Enggon. Lungsur-langsarna upacara kawinna Dyah Pitaloka jeung Hayam Wuruk tanggung Jawa Gajah Mada jeung Patih Luar. "Nu matak Gajah Mada jongjon nyieun réka perdaya," ceuk Daday.
Pikeun ngawujudkeun tujuanana, nalukeun karajaan Sunda, Gajah Mada ngutus Patih Luar nganteurkeun lalayang (surat) ka Prabu Linggabuana. Éta lalayang téh dijieun saolah-olah kahayang Hayam Wuruk, eusina Dyah Pitaloka kudu dipasrahkeun minangka upeti tanda talukna karajaan Sunda ka Majapahit.
Puguh waé Prabu Linggabuana téh éwedeun, asa dihina jeung dipacikeuh sarta terus marentah sangkan kabéh milu mertahankeun kahormatan jeung martabat Ki Sunda. Pasukan sarwajala, sinatria, mojang pangjejer, Ambu Pangeuyeuk diperedih ariatna, bisi aya kajadian nu teu diharepkeun alatan talajak Gajah Mada.
Bari nangtung, Prabu Linggabuana, di hareupeun rombongan nyarita kieu: "Pun sapun Hyang Tunggal di Mandala Bale Agung, pun sapun Hyang Karuhun di Bale Hyang, kami ménta ditangtayungan, kami sumpah nagri Sunda hamo taluk ka Majapait. Pun sapuun dirgahayu Ki Sunda pakeun nanjeur na juritan, puuun awignam astu."
Perang di tegal Bubat anu saterusna disebut perang Bubat teu bisa disinglar. Prajurit Majapahit nu ngarurug pasanggarahan Karajaan Sunda jumlahna rébuan, padahal jumlah rombongan Prabu Linggabuana ukur 93 urang sarta sabagéanana wanoja. Pakakas nu dipaké ngayonan prajurit Mataram ukur panah jeung tumbak nu dibawa ku pasukan sarwajala.
Najan kitu perang lumangsung rongkah, rombongan Linggabuana mampuh ngayonan prajurit Majapahit. Ngan ku lantaran teu saimbang téa, sinatria karajaan Sunda palastra euweuh nu nyésa hiji-hiji acan, kaasup Prabu Linggabuna jeung Dyah Pitaloka. "Prabu Linggabuana saterusna meunang jujuluk Prabu Siliwangi lantaran geus nembongkeun kahormatan jeung martabat Sunda," ceuk Daday.* NS Priyatna-kisuta.com


