Sastra & Humor
Sajak
Sapanjang Mapay-mapay Sisieun Citarum
Jumat, 15 Februari 2013
sapanjang ringkang jeung ringkang
ngajugjug udagan
citarum ngembat ngulon-ngétan
ngamalir rungkal-réngkol na sela-sela heureutna lahan
sapanjang rénghap jeung rénghap
muru kasajatian hirup
citarum angger jadi monumén
malidkeun runtah-runtah ngarambang
ngamalirkeun kasono ka lemah tempat bumetah
sapanjang mapay-mapay sisieun citarum
ukur ringkang jeung rénghap
paudag-udag
Sukamukti, Méi 2006

Rosyid E. Abby-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


