Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ihtiar Munggaran

Jumat, 15 Februari 2013

JAM tujuh. Ihsan geus saged maké saragam. Termos és, jadi pamaés batur leumpangna indit sakola. “Aa, teu isin pan?” Nu jadi indung masih can téga. “Henteu, Ma!” Imut, ngagedékeun hate nu jadi indung. Nepi sakola, és dititipkeun di warung. “Engké uihna dicandak, Ceu!” Laju muru asup ka kelas. Jam istirahat, és dilongokan. Can aya nu payu. Kitu deui pas balik sakola. Weuteuh. Nepi imah, “Kumaha, A! Pajeng sabaraha hiji?” Aya nu nyasaak kana haté. “Teu hiji-hiji acan, Ma” Dumareuda. Indungna surti. “Wios, tong janten sedih! Teu acan aya rezekina” Budak dirangkul, panonpoé ngeclakeun cimata…* Apoedy Sarah Ihsan-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya