Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Kumerot

Sabtu, 16 Februari 2013

BARIEUKEUN. Wajit, bugis, papais ditambih lapis. Jajabur serba ti ketan. ‘Na méja hareupeun kuring, siga anu nangtang ijén. Malah siga ngaléléwé, ningali kabingung kuring. Kabéh mencrong nu kumerot. 
Cinta surti ngaharéwos, Bagja unggeuk, sup ka dapur. Kaluar geus nanggeuy baki. Cikopi ngebul jeung ulén. Srog diasorkeun ka kuring. Cikopi terus diregot. Ari ulén kalah ngélég. Mencrong kuring nu kumerot. Cinta noél salakina. Bagja unggeuk laju nyampeurkeun. “Di halaman pengker aya sasaungan alit, raos geura ngaleueutna bari mayunan kolam, Engking!” Kuring cengkat laju ka saung.
Tepas anu ditinggalkeun, beuki rempeg ku baraya. Uplek ngobrol siap nyambut, nu datang ngalamar buyut. Di saung kuring cunggelik, bari ngudar huntu palsu. Siap tandang rék ngahajar, ulén nu loba léléwa!* Kang IsMaya-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya