Mulih ka Jati
GEBUR lambak ngawirahma. Nepakan batu karang nu ngabaredega. Dua tangtungan, katilu orok dina lahunan. Ngumbar kasuka wanci sareupna. Arucang-ucangan dina lélémpar karang.
Naréjéhan lambak nu tingsuruyungkuy nareumbagan. Orok piligenti digalentoran. Belenyéh orok, dipapag ku nu ngahéhéh. Unggal orok ceurik, bet dipirig ku cikikik. Gending katresnan ngaweuhan di éta patempatan.
Nepi ka wanci langit sumedeng ruhay. Panonpoé geus hamo deui lugay . Basa éta lalaki nyarita ka nu keur ngaheruk gigireunana, orok keur ngéar dina keukeupanana.
“Kutan Nyai téh rék téga, nyapih ieu budak ayeuna?”
Nu ditanya teu ngawalon. Mung kadéngé ingsreukna jeung kucibek cai handapeunana. Laju ngised ngadeukeutan. Embun-embunan orok diangseu bangun nu geugeut pisan. Orok téh jempé. Kawas nu geus lila dipépéndé. Langit beuki ruhay. Jangjang manuk laut tinggarupay.
Demi tangtungan lalaki, nu tuluy ngagero semu ngageuri. Mung werat nyawang nu ancrub nyungsi jaladri. Dina kocépat nu sasari. Borélak sisit mucunghul sakedapan, nojo panonna nu keukeureunceuman.* Asep Komara-kisuta.com


