Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Unak-Anik

Guha Masigit Séla Nusakambangan Leubeut ku Mistik

Sabtu, 16 Februari 2013

GUHA Masigit Séla pernahna di Pulo Nusakambangan, Kacamatan Kampung Laut, Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah. Bisa dijugjug ti basisir Santolo, Kacamatan Kalipucang, Kabupatén Ciamis. "Seueur nu jiarah ka Guha Masigit Séla téh, babakuna sasih Mulud, sakantenan lalayaran di Sagara Anakan," ceuk urang Santolo. 

Mun rék ngajugjug ka Guha Masigit Séla, rutena nu biasa dipaké ti Darmaga Santolo Kalipucang mapay Ci Tanduy tepi ka Majingklak, Désa Pamotan, anggangna kurang leuwih 10 kilométer. Ti dinya terus ngétan balayar ka Nusakambangan, balabuh di Désa Klacés, anggangna aya kana 10 kilométer.

Mun teu maké jalur Santolo, ti jalan Kalipucang-Pangandaran ngajugjug ka Majingklak Désa Pamotan maké jalan darat, anggangna moal kurang ti 7 kilométer. Ti Majingklak terus balayar ka Nusakambangan. Anu bari rékréasi paparuhan mah loba nu maké jalur Santolo, sabab saméméh anjog ka Nusakambangan, paparuahan heula di Ci Tanduy.

Dina usum hujan, lamun maké jalur Santolo kudu ati-ati pisan. Ci Tanduy keur gedé caina, loba ulekan cai nu matak pibahayaeun sarta loba tikungan nu mites. Tapi keur urang dinya mah geus biasa deui, lantaran geus manukna, geus leuwih ti wanoh ka walungan nu geus teu dipisahkeun tina kahirupan sapopoéna.

Anu disebut parahu compréng, parahu rubak nu disaungan, saenyana mah angkutan barang, ngan ku sabab taya angkutan deui dipaké mawa panumpang. Kiwari jalur Kalipucang-Majingklak-Darmaga Sléko di Bangawan Donan Kota Cilacap (kurang leuwih jauhna 40 kilométer) geus euweuh deui compréng. Nu masih kénéh aya téh jalur pondok saperti Kalipucang-Désa Klacés Nusakambangan.

Anu rék jaroh ka Guha Masigit Séla mindeng nyéwa compréng, boh nu miangna ti Kalipucang boh ti Majingklak. Guha Masigit Séla pernahna kaléreun Sagara Anakan, jauh ti panjara mah. Ieu guha nu kabawah ka Désa Ujung Alang, RT 04 RW 07, Kacamatan Kampung Laut, pernahna teu jauh ti basisir.

Baheula mah cenah ieu guha sasat nampeu ka laut, bisa dijugjug langsung ku parahu. Ari ayeuna mah ku sabab lautna terus-terusan ngadéétan (pendangkalan) ti Klacés ka Guha Masigit Séla téh kudu ngaliwatan kebon jeung sawah nu lega, anggangna dua kilométer. Ti Klacés loba tukang ojég nu daékkeun nganteur nu rék jaroh.

Lawang guhana nyanghareup ngétan. Palataran jero kaitung rata. Beuki ka jero aya palataran deui nu kawilang lega, cukup keur solat saratus urangeun mah. Aya rohangan sacangkéwok, siga tempat imam, nyanghareup ka kiblat. Lalangitna melengkung, mun urang di dinya siga keur aya handapeun kubah. Anu dianggap tihangna (sokoguru) stalagnit.

Kaayaan di jero guha téh reyem-reyem, nu daratang ka dinya kudu mawa pétromak atawa sénter. Cadasna semu konéng sari hideung balas kapuput ku haseup menyan nu terus-terusan ngelun. Di dingding beulah kénca aya prasasti nu titimangsana 21/4/1961, eusina nétélakeun Diréktur Kepenjaraan Nusakambangan kungsi asup ka guha.
Dina dingding beulah katuhuna aya deui prasasti nu tina eusina meunang nyieun Pakubuwono (PB) X nu sarua nétélakeun PB X kungsi ka ngadongdon Guha Masigit Séla. Tukangeun lawang aya lombang saperti sumur, disebut Sumur Bandung. Caina hérang, masing halodo entak-entakan ogé tara saat.

Teu béda jeung tempat-tempat anu dianggap karamat séjénna, Guha Masjid Séla leubeut ku legénda nu kandel pisan mistisna. Cenah, Raja Rum ti Arab kungsi ngutus Syéh Bakir keur mekarkeun Islam di Nusakambangan. Ku sabab taya béjana waé, terus disusul ku Syaidina Zainal. Sanggeus ngaprak ieu pulo anjog ka hiji guha.

Di jero guha, Syaidina Zainal nanceubkeun kawelah (dayung) ditalian ku kemben (stagén) bojona, Saribanon. Kawelahna téh saterusna jadi sokoguru nu saenyana mah stalagnit, batu cadas nu jadi ti dasar guha. Teu kacaturkeun deui kumaha-kumahana Syaidina Zainal, naha kungsi tepung jeung Syéh Bakir atawa henteu.

Jaman Wali Sanga, cenah Syéh Maulana Magribh hiji mangsa nyarita ka Sunan Kalijaga nu keur nyémah ka imahna ngeunaan wasiat karuhunna soal Nusakambangan, kaasup ayana guha nu jerona kawas rohangan masigit. Sunan Kalijaga panasaraneun. Syéh Maulana terus ngajak sémahna miang ka Nusakambangan.

Enya waé aya guha nu saperti dicaritakeun ku Syéh Maulana Magribi. Guha ku Sunan Kalijaga diresmikeun jadi tempat ibadah, dijadikeun masjid. Anu ngajagana Sunan Kalijaga. Pikeun ngajaga guha sangkan teu dipaké ku bajo (bajak laut), Sunan Kalijaga nugaskeun Syéh Wangsa sina tugur. Sultan Mataram kungsi nugaskeun prajuritna Mbah Jagapraya.

Sunan Kalijaga ceuk sakaol kungsi ngabuang salahsaurang muridna, Ki Ageng Séla ka ieu guha. Ari nu jadi sababna, Ki Ageng Séla teu wanieun nempo getih lawan tandingna di Demak Bintoro. Dibuangna téh bareng jeung bojona. Éta sababna guha téh dingaranan Guha Masigit Séla, sabab kungsi dicicingan ku Ki Ageng Séla.

Ka béh dituna, legénda Guha Masigit Séla atawa mindeng disebut Guha Watu Séla (watu hartina batu) aya patalina jeung Pajajaran. Cenah, jaman Pajajaran di Nusakambangan ngadeg Karajaan Nusakambangan, rajana Prabu Pulé Bahas. Guha Masigit Séla dijadikeun kaputrén, dicicingan ku adina raja, Putri Pulé Wati jeung 40 putri pangiringna.
Seuweuna (anakna) Prabu Siliwangi, Banyak Catra atawa di Banyumas mah leuwih dipikawanoh ku sebutan Kamandaka mampu ngéléhkeun Pulé Bahas. Putri Pulé Wati jeung pangiringna diboyong ka Pajajaran. Ari Kamandaka mah terus ngalalakon di wewengkon nu ayeuna disebut daérah Banyumas sarta jadi luluhur urang Banyumas.

Guha Masigit ogé dipercaya kungsi dipaké tempat mujasmédi Aji Saka. Dibarengan ku para pangawalna. Aji Saka kakoncara ku kasaktianana. Kitu deui para pangiringna. Sumur Bandung tempat marandina.
Ku sabab leubeut ku legénda jeung mistikna, Guha Masigit Séla jadi tempat wisata spiritual andelan Kabupatén Cilacap. Ngan ari wewengkonna mah angger dicangking ku Kementerian Kehakiman RI. Malah teu diidinan jadi objék wisata sabab geus dijadikeun panjara pikeun ngabina sakitan sangkan bisa mulang deui ka masarakat. Najan kitu, nu ngadon jarah mah teu weléh loba waé. Teu kahalangan ku kawijakan Kementerian Kehakiman.

Torowong nembus ka Karaton Kasepuhan

Unggal malem Jumaah Kaliwon, Salasa Kliwon jeung dina bulan Mulud, nu jaroh ka Guha Masigit Séla téh teu weléh loba waé. Tujuan utamana ngalap berkah sangkan cita-citana atawa kahayangna kalaksanakeun. Biasana mah nu jaroh téh mondok moék di jero guha lilana genep poé genep peuting, henteu ingkah ka mamana.

Ngalap berkah di Guha Masigit Séla, ceuk Mang Jajang salahsaurang kuncén Gua Masigit Séla, euweuh tata cara nu baku. Unggal nu jaroh bébas milampah ritualna séwang-séwangan. Ngan lolobana mah dumasar kana pitiuduh pananyaan méméhna. Nu kahayangna kakobul sok kaul meuncit embé hideung di dinya.

Ti lawang asup guha ogé geus kaangseu bau beuleum menyan jeung seuseungitan séjénna. Haseup menyan teu weléh ngelun. Padupaanana (tempat meuleum menyan) leuwih ti hiji. Méh unggal poé teu weléh aya nu keur tirakat. "Paling lami tirakatna téh 40 dinten, gumantung kana kénging wangsitna," ceuk Mang Jajang.

Di Gua Masigit Séla, cenah mah aya torowongan panjang nu tembus ka karaton Kasepuhan Cirebon. Duka bener duka henteu. Ceuk para ahli kabatinan mah éta torowongan téh lain aya sacara pisik, tapi tempat urang bisa ngajugjug ka hiji tempat, ka tempat anu ku urang rék dituju, dina waktu sakedét nétra.

Lian ti Guha Masigit Séla, di Nusakambangan loba kénéh guha séjénna nu sarua mindeng dipaké keur ngalap berkah, upamana waé Guha Putri, Guha Ratu, Gua Panimbang, Guha Sikémpis, jeung Guha Lawa. Paling henteu ti jaman raja Solo Paku Buwono X guha-guha bieu, babakuna Guha Masigit Séla geus ramé didareugdeug ku nu ngadon jaroh.* Nanang Supriatna-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya