Ucing
Jalma-jalma ngagimbung, récok ngobrol bari sing tarengo hayang awas ka nu keuna kamusibahan. Sora sirine ambulan ngahéang teu daék eureun, matak bangreung nu ngareungeukeun.
Para korbanna nungtutan diakutan ka Rumah Sakit Umum, kari bagugna angkot nu masih kénéh nyuksruk dina solokan jeung supirna anu nyempod kareureuwasan. Saurang pulisi keur nyehcer manéhna ku rupa-rupa patalékan.
“Didinya téh nyupiran bari mabok meureun, nya?” ceuk pulisi semu nyenghor.
“Henteu, Pa, da abdi mah cadu kedah ngadahar nu kararitu!”
“Lamun kitu mah, pasti nundutan. Tuh, tingali balukarna, loba panumpang anu cilaka gara-gara didinya!”
“Henteu....Pa, da abdi mah tara wantun nyupiran pami nuju tunduh mah, wios lirén heula jalan!”
“Ari enggeus, naha atuh nepika mobil bisa tigebrus kitu?”
“Aya ucing ngalangkung, Pa! Maksad téh ulah dugika katabrak ucingna da saurna matak naas apanan, déét kana cilaka! Mangkana ku abdi dipéngparkeun ka palih dinya, alhamdulillah salamet ucingna mah....!”* Zulaikha Sobana-kisuta.com


