Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Kasilihkeun

Sabtu, 16 Februari 2013

MERELEK heuay ngadago muatan. Kitu jeung kitu. Taya nu nolih. Ti isuk ngan narik sakali, hamo cumpon keur setoran ogé! Rét, aya nu naragog harérang. Teu reureuh mulan-malén. “Emh, da hamo kuat, bitis ngalawan mesin!” Darma ngagerentes, semu nalangsa. Haténa ngelab inget waé, ka nu ranghap. Balikna nikreuh. Rumanggieung. Barang nepi. Manéhna kerung. Nempo tulisan dina panto. Gebeg. Kadéngé, aya sora tingaringsreuk. Haroshos. Buntelan juuh.* Yuharno Uyuh-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya