Nu Marudah Luhureun Sajadah
LUHUREUN sajadah. Di juru masigit. Manéhna. Cindekul. Saparat peuting. Leungeun katuhuna pageuh ngeupeul tasbé. Ramona rapet. Teu usik. Lambéna ngeleter. Tapi teu ngunyem. Teu wirid.
Jempling peuting satia maturan. Sakamalir jeung murubutna cipanon. Sakeclak. Sakeclak. Ngalémbéréh kana pipina. Maseuhan kaméja céléna. Sawaréh ragrag kana pangsujudan. "Har, naha kalah ngumbar cimata itikap téh, Ki Silah?" ceuk Mang Merebot. Sanggeus salila-lila merhatikeun. "Angguran mah wiridan. Ngadunga ka nu kawasa." Pokna deui. Laju ngaléos ka paimbaran. Ong. Adan awal. Sorana ngalanglaung tina sepiker. Noélan sakur jajantung nu keur ngagaluher. “Assholaatu khoirum minan naoom.....” Demi ari manéhna. Beuki pageuh ngeukeuweuk tasbéna. Awakna ngadégdég. Terus ngagukguk. "Réa teuing dunga nu deuk diwiridkeun ka Gusti. Kahayang. Kalewang. Jeung pirang kalangkang. Ngan kami teu surti mana nu kudu diheulakeun." Bru. Manéhna nyuuh. Ngudupung dina pangsujudan. Breng. Réwuan dunga nu teu kawiridkeun. Rabeng ngarapung ka jabaning langit. Marengan geleber sukmana.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


