Proyék
Réngsé méré intruksi, anak buahna laju digarawé; ngagali, ngeruk, nyieun kontruksi, ngecor jeung sajabana. Alat berat ngagarerung, sorana minuhan peuting. Rébuan watt listrik nyaangan, sidikna tibeurang.
Manéhna ngawaskeun tina jero bédéng. Rét kana gambar proyék, rét kana jam, teu karasa, geus jam 2 peuting. Awakna lungsé. Gék diuk, ngaregot cikopi tiis, nyinglarkeun rasa tunduh. Les, kasaréan.
Manéhna kahudangkeun ku haneutna poyan. Rét kana jam. Angger jam 2 kénéh, horéng pareum. Lumpat ka lawang bédéng, rét ka unggal juru, euweuh sasaha. Beungeutna sepa, reup geuneuk, huntu kekerot, amarah ngadak-ngadak teu kawadahan.
Kot kana Dinamit, disundut tuluy dibalangkeun. Belewer ! Beledag ! Jelegur ! Bendungan rengkah, cai mudal, umpal-umpalan, malidkeun sagala nu aya, nyurup kana amarah manéhna, sagala dibuntang banting, sagala ditajong.
Ti kajauhan, saurang wanoja, ngawaskeun polah manéhna, ngembeng cimata. Na haténa nyangkaruk kabungah jeung kanyeri. Nu nyésa ukur rasa deudeuh jeung asihna, bari teu eureun ngaharéwos, nyebut wasta anakna, "...Sangkuriang".* Is Tuning-kisuta.com


