Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Ngajorag

Minggu, 17 Februari 2013

KULUTRAK. Rekét. Lalaunan. Panto muka. “Saha nya?” Hiuk. Jekuk. Jekuk. Sababaraha kali peureup entreup dina beungeutna. Manéhna ngajurahroh. Nyangsaya handapeun méja. “Gog! Gerrrrr!” hérder kukutanna ukur bisa ngaherengan dina panyangcang. Sakilat ngarawél korsi. Diangkat. Tanaga museur dina dua leungeun. “Akang!” pamajikan ngahulag. “Ulah ngagugu teuing nafsu, Kang. Teu kudu jadi rajapati. Ku kitu gé kanyeri Neulis geus palér.” Pamajikan nangkeup. Pageuh pisan. Ngalelerkeun amarah nu ngagugudag jero dada. “Kapan palay kuramas ku getih manéhna”.
“Teu sudi. Diri abdi geus beresih ku pangampura jeung kanyaah akang. Moal dikotoran deui ku getih mandor cabul.” Léah. Korsi ditunda ka urutna. Méméh mulang, melong heula beungeutna nu baloboran getih. Aya puas aya watir.
Isuk-isuk lembur gujrud. Awak Mang Mandor direcah ku hérder kukutanna.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya