Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Platonis

Minggu, 17 Februari 2013

IEU abdi di basisir. Anteng neuteup sapatemonna langit sareng bumi dina wates cakrawala. Aya imut salira, ngolebat na udat-udat layung, dina budah laut nu guligah laju kana sanubari sumarambah. Yaktos, teu kedah ngantunkeun pangabetah. Kapan urang tiasa sasarengan nyawang purnama nu gumawang na langit nu sami. Sok sanaos aya antawis nu manjang ti basisir ka lamping pasir. Teu sawios, upami lambak na dada mung halon ngagalura, sab udagan sanés asmara, namung kahéman nu tan wangenan. Nyata haturan salira.* Tiktik Rusyani-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya