Sastra & Humor
Fikmin
Anjog
Senin, 18 Februari 2013
LALAKON cinta. Jeung anjeun. Babarengan. Ngajajah lampah. “Demi cinta!” Lunta. Nyingkahan kateudoa indung bapa. Susulumputan. Sakaparan-paran. Hirup di jalan.
“Cinta nu nganteur urang tepi ka dieu” ceuk anjeun basa geus jauh ti lembur. Ngajak bumén-bumén. Mageuhan beungkeutan rasa bari diajar usaha. Suhud. Dibarung asih. Teu burung hasil. “Alatan cinta urang bisa kieu téh” sagurat imut, ngawalon haréwos anjeun. Deker deui. Nuluykeun usaha. Mingkin pageuh. Mingkin riweuh. Mingkin paciweuh. Ngangkleung dina kalangenan séwang-séwang. Anjog ka tungtung lalakon. “Cinta!” Tatag anjeun ngawalon patakonan hakim. Nembrakeun alesan pangna wani maténi salaki.* Inda Nugraha Hidayat-kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


