Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sasakala Gunung Pinang

Senin, 18 Februari 2013

DEUK aya juragan beunghar, ngora, kasép jasa, ti Malaka deuk ngadon cacahan jeung Ingkang Sultan. Rahayat ti subuh mula, ngaleuyah minuhan labuan. Kolot budak, jalu bikang, rangda cawéné kabéh ngabadeg minuhan basisir. Teu salabar, kuhayang ngabuktikeun, cénah jeung buktina. Para cawéné lah-lahan deuk nékad pasang aksi, némbak si juragan. Leusteuin geus éwéan géh. 

Beuh… lain ceuk cénah. Bagooor, kapal na géh gedé jasa, méwah, doang pinuh ku emas. Teu rugi kebel nanggoan, ja bukti kwari éta. Nu beunghar éta kasép, ginding, sakali seuri ratusan cawéné Banten, sing jarerit dua ramona negeran dadana. 

Aya nu sedih, jumerit kokonona, kalah diségag Sang Juragan beunghar, nu nyuntrungkeun taya kahéman. Si Juragan éta, horéng céng Dampu Awang, anak Ambu nu indit bubuara puluhan taun. 

Sabada Ambu sasapaan, Kapal méwah muir kabawa angin puyuh, karuhul, ngapung, bakat ku gedé liliwunganna. Gubrag runggunuk, ngajanggélék Gunung Pinang, jajalaneun antara Sérang ka Cilegonkeun.* Rohendi Pandeglang-kisuta.com

Kamin (kamus mini):

Jasa=pisan, cacahan=ngobrol, ngaleuyah=ngaliud, cawéné=parawan, ngabadeg=lobaan, leusteuin=los teuing, bikang=awéwé, éwéan=boga pamajikan, Bagooor=busét, doang=jiga, kebel=lila, kwari=ayeuna, negeran=nyekelan, nanggoan=nungguan, kokono=gomong nepikeun, héman=nyaah, sasapaan=sumpah, ruhul=luhur


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya