Layung Kiarajangkung
“TONGGÉRÉT parantos begér, Engkang!” saur salira harita, wanci layung muru gunung na neuhneur Kiarajangkung. Aya teuteup tanding leugeut mitapak rénghap jeung rénghap, tina dami kana dami.
Jajantung teu wasa nangtung, ditalikung ku halimun. Waktos harita, Engkang kawas éngkang-éngkang. Léngkah téh teu kaur maju, mundur deui mundur deui. “Mugi tepang na impénan!” Imut salira aamis peueut, ngoléséd ti sapengkereun hordéng. Peuting nyileuk dina jempling. Nu séah ukur ambekan. Unggal wengi, Eulis, haté téh sok mindeng inggeung. Sono plak-pluk maruragan tingkecebuk ninggang simpé. Raray salira ngusapan. “Nitip nami abdi, Kang, na lulurung kalbu Engkang!” Ngingkilaban kénéh na émutan. Ngajelebét gélédég nampiling rasa. Imut salira aamis peueut nyangsaya na méga pias. Nyambuang wawangi kembang mumbul ka alak paul. “Wilujeng angkat!” ukur sakitu nu kedal. Hate nyuuh ngalumburuk. Pageuh ngeukeuweuk Kananga.* Nana Sukmana-kisuta.com


