Leuleus
"Kersa henteu? Sakedap atuh lah.." Cékéng bari ngiceupan.
Manéhna ukur mésem. Eléh géléng. Karunyaeun meureun ka kuring.
Najan tengah poé éréng-éréngan, keur meumeujeuhna bayeungyang.
Kacipta, tangtuna matak hareudang.
Di jero kamar, duaan silih degeng. Haroshos. Beuki lila, ambekan kuring
jeung manéhna beuki ngahégak. Késang mimiti katempo renung na
tarangna. Hawa karasa beuki ngahéab. Awak duaan jibrug ku késang.
"Sakedik deui, tanggung," cékéng bari melong. Manéhna unggeuk.
Manéhna nahan deui, kuring nu ngadorong. Manéhna ngangkat, ku kuring
didorong. Kitu jeung kitu. Saeutik-saeutik. Katempo biwirna rada
ngarenyu. Panonna semu alum.
"Kang, ampun..teu tahan, leuleus !" cenah bari ngajoprak
Karunya, kapaksa teu dituluykeun. Kuring ngarahuh, milu ngajoprak.
Duh, mindahkeun lomari téh capé geuningan.* Is Tuning-kisuta.com


