Panca Prasadha, Karaton Sunda nu Tanggoh 8 Abad
“KARATON Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati nu ogé disebut Panca Prasadha jeung kakoncara ku jujuluk Pakwan Padjadjaran (karaton nu ngajajar) ngadegna lila pisan, kurang leuwih 800 taun,” ceuk Agus Aris Munandar, arkéolog ti Fakultas Ilmu Budaya Universitas Indonesia (FIB UI) nu ogé pupuhu Simpay (Paguyuban Guar Sunda) dina salahsahiji makalahna.

Agus nyindekkeun kitu téh dumasar naskah Koropak 406 (nomer keur nandaan naskah kuno), Carita Parahyangan (CP) jeung dumasar pamanggih jenatna Saléh Danasasmita. “Ceuk Koropak 406, Rakéan Darmasiksa, raja di Sunda abad ka-11, nempatan Kraton Sri Bima Punta Narayana Madura, karaton nu kungsi ditempatan ku raja-raja Sunda saméméhna,” pokna.
Ceuk Saléh Danasasmita, Rakéan Darmasiksa téh nu disebut-sebut dina CP jeung Koropak 406 taya lian ti Sri Jayabhupati nu nyieun prasasti Cibadak nu titimangsana taun 952 Saka (1030 Maséhi). Sakurang-sakurangna Saléh Danasasmita ngasongkeun dua alesan pangna nyindekeun Darmasiksa téh Prabu Jayabhupati.
CP ngabéwarakeun, Darmasiksa téh hiji-hijina raja titisan Wisnu. Ieu luyu jeung prasasti Cibadak, gelar Jayabhupati nuduhkeun nu makéna titisan Wisnu. Masih ceuk CP, Darmasiksa téh nu nyieun Binayapanti (tempat atikan), nu ngajadikeun parakabuyutan, prasasti Cibadak marélékeun Jayabhupati netepkeun tepek (tempat kagiatan agama).
Ti jaman iraha karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati ngadegna? ”Sacara logika wae, ieu karaton kudu leuwih kolot batan jaman Darmasiksa, luluhur Sri Baduga Maharaja,” ceuk Agus Aris Munandar nu kiwari keur nyucruk titinggal sajarah di Sindangbarang Kabupatén Bogor.
Koropak 406 mertélakeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati diadegkeun ku Bujangga Sédamanah, diurut kadaton Bagawat Sunda Mayajati nu ditalukeun ku Bagawat Angga Brama. Mayajati satékah polah ngarebut karaton anyar, ngan bisa diperuhkeun ku Maharaja Trarusbawa, anak Bagawat Angga Brama.
Ku Trarusbawa, Mayajati dibuang ka hiji pasir, sangka bisa moksa (asup ka surga ku cara ngahyang). Saterusna Trarusbawa nempatan karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. …Dina urut kadatwa(n), ku Bujangga Sedamanah ngaran Sri Kadatwa(n) Bima Punta Narajana Madura Suradipati. A(ng)geus ta tuluy diprekbokta ku Maharaja Trarusbawa deung Bujangga Sedamanah (Kropak 406, 29a).
Ku kituna, ceuk Agus Aris Munandar, awal pangwangunan karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, jaman pamaréntahan Trarusbawa nu dina CP disebut Tarusbawa. Kira-kirana iraha diadegkeunana éta karaton? Agus Aris Munandar neueulkeun deui pamanggihna ka nu diasongkeun ku Saléh Danasasmita.
Saleh Danasasmita nyebutkeun jaman Sanjaya, mantuna Trarusbawa, nu jumeneng dina abad ka-8 (piagem Canggal taun 732 Masehi), Pakwan Padjdjaran téh geus aya, kacindekanana Pakwan Padjadjaran geus aya sakurang-kurangna dina munggaran (awal) abad ka-8. “Ieu alesan asup akal,” ceuk Aris Agus Munandar.
Karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati, ceuk Aris Agus Munandar, jaman pusat pamaréntahan tatar Sunda di Galuh, henteu dipaké, ngan masih kénéh aya. Karék abad ka-11, ku Darmasiksa atawa Jayabhupati ditempatan deui, malah sakumaha nu disebutkeun dina naskah Kropak 406, dilegaan.
Abad ka-14 tepi ka abad ka-15 henteu digunakeun, lantaran puseur karajaan dipindahkeun ka Kawali. Jaman Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M), puseur karajaan dipindahkeun deui, ti Kawali ka Pakwan Padjadjaran sarta karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati ditempatan deui tepi ka Pakwan Padjadjaran kubra (pertengahan abad ka-16).
Aris Agus Munandar nyebutkeun umur karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati nu ngahontal 800 taun sarta tempatna angger kaasup luar biasa. Ieu karaton tetep ngadeg ti mimiti asupna pangaruh Hindu-Budha di Tatar Sunda (munggaran abad ka-8) tepi ka pertengahan abad ka-16. “Karaton-karaton Hindu-Budha séjénna mah henteu kitu,” pokna.
Karaton Mataram Kuno (Medang), upamana, sababaraha kali pindah, sarta umurna ngan kurang leuwih 200 taun. Malah lokasi karatonna ogé tacan bisa dipastikeun di mana-manana. Kutharaja Singhasari, umurna antara 1222 M tepi ka 1292, kurang ti saabad. Pon kitu deui karaton Majapahit, umurna kira-kira 150 taun.
Ari sésa-sésa karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati mah tepi ka munggaran abad ka-18 ogé masih keneh kapanggih, waktu Belanda ngalalana ka pakampungan kiduleun Batavia (Jakarta). “Lokasi karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati luyu jeung konsép bhupariksa dumasar ajaran Hindu,” ceuk Aris Agus Munandar.
Karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati diapit ku dua walungan, Ci Haliwung jeung Ci Sadané, jeung deukeut gunung lambang Mahaméru, Gunung Salak. “Salila 800 taun tacan kungsi dikawasa ku musuh, najan puseur karajaan geus henteu di dinya ogé,” ceuk Aris Agus Munandar.
Karek taun 1579, karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati direbut sarta diancurleburkeun ku pasukan Banten, nu dibantuan ku Cirebon jeung Demak. Rajana, Tohaan, kapaksa ningalkeun tempat nu diwariskeun ku luluhurna. “Ahirna, lalakon karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati lekasan,“ ceuk Aris Agus Munandar.* NS Priyatna-kisuta.com


