Manila
SAJAK nu diharéwoskeun salira di Makati masih ngaganteng nyaangan peuting di béh dieu, Benito.
Harita, Manila kajeueung hurung ngempur, matak sérab panon nu kotokeun. Sanajan, haté mah bacéo, pada nyaho, di béh ditu, tukangeun lampu-lampu nu mabra, gedong-gedong jangkung nyumputkeun kakusut nu mangkuk di kampung-kampung jeung pasisian: Botol bir nu pabalatak di tukangeun kios roko jeung kamar-kamar rupek, tempat barudak awéwé nu keur meumeujeuhna peungkeur masrahkeun awak ka lalaki nu anyar panggih. Teu béda ti kota lianna, Manila mumul ngébréhkeun nu saenyana. Sakur kasusah dipindingan ku pidato, sinétron, jeung botol bir.
Di réstoran hotél, urang nepungkeun séndok jeung garpuh dina piring cépér. Péso pérak nu ngagenclang ngadon ngeunteung dina gelas eusi cihérang, anteng didamparan serbét anyar nyitrika. Sajak salira, harita, pating kuniang. Ngarayap kana podium di rohang konfrénsi. Ngetrokan méja resépsionis jeung kaca jepneey nu angkaribung ku stiker jeung gambar kembang. Marengan kuring nu ngapung ka wétankeun…* Maman Gantra-kisuta.com


