Sastra & Humor
Fikmin
Mangsa Poé Meuntas Ka Soré
Selasa, 19 Februari 2013
PULAS gunung pangjauhna. Biru. Teuteup nu semu nyumput. Dua kali anjeun ngaliwat hareupeun kalangkang kuring. Mulak-malik kukupu kertas ku tungtung ramo.
Diteuteup. Dua panon beuki nyumput. Lir bulan kasamagahaan, lir wanci nu teu kapireng hiur anginna. "Saha atuh ari salira? Ngeukeuweuk peueut dina rindat, ngawur-ngawur kembang dina lambey nu kahujanan."
Biru. Tiung biru nu mulak-malik kukupu kertas ku tungtung ramona.
"Gusti....basa téh perlambang rasa. Mun basa ngahiang tina dada, badé kumaha abdi némbongkeun ieu rasa."
Neuteup deui. Kalangkang pindah ka lebah wétan.* Ahmad Fawzy Imron-kisuta-com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


