Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Dunya Kiwari

Selasa, 19 Februari 2013

OM Frans, nyaah temen ka kuring. Kitu deui Tanteu Magda, pamajikanna. Nepi ka kuring diaku anak. Dijait tina remeng-remeng dunya peteng. Nyanyi lain deui keur nyiar kipayah, tapi keur nyenangkeun maranéhna. Ngan ka dituna timbul hal nu matak heneg, teu kajudi ti anggangna. Om Frans, remen ménta dibaturan mun ka luar kota. Hayang sakamar mun waktuna saré. Matak reuwas jeung ragap mula-mulana. Hanjakal haté léah ku kahadéan, bru-bro sagalarupa. Ari Tanteu Magda, jiga nu surti. Kuring ngarti, sab manéhna gé sok rajeun ngajak nyimpang ka hiji tempat, mun rérés ngabaturan balanja atawa ti salon. Om Frans katut Tanteu Magda teu weléh runtut-raut katémbongna. Pikeun kuring, ieu dunya teu singna jadi bangbaluh. Nu puguh mah kuring cadu sangsara saendeng-endeng. Tepi ka hiji waktu. Om Frans, teu lilir deui tina ngimpina. Kuring teu hayang manjangkeun naon alatanna. Aya nu leuwih kaharti batan éta. Kuring jeung Tanteu Magda, laki-rabi.* Budi Mugia Raspati-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya