Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Gondang

Rabu, 20 Februari 2013

WANCI haneut moyan. Nyi Isah ngélék boboko eusi ségon meunang ngabrag poé kamari, bari ngajingjing nyiru muru ka saung lisung, anakna ngiclik nuturkeun. Réngsé tatahar, geduk nutu mani segut, ngudag waktu ditungguan ku beuteung nu pating kurubuk. Késang renung dina tarangna, cluk-clak meuntasan beungeutna.

“Ema, lapar...!” budakna ngarenghik, cindeluk dina hulu lisung.

“Ké heula, sakedap nya, Ucu! Urang lalaguan mending ogé, yu!”

Nyi Isah ngageduk deui nutu, paroman semu ngungun ngemu bangbaluh hirup, sanajan haleuangna ngoncrang meulah simpéna kaayaan. Kahariwang atra dina paneuteupna, biheung anakna isukan bisa kénéh meunang dahar, apanan sawah-sawah tempat manéhna barangsiar, buburuh tandur, ngarambét, gacong, atawa sakadar ngabrag mulungan sésa panén nu teu kaalana, ayeuna mah beuki ngaheureutan baganti parentulna imah-imah sigrong nu ngaheurinan titingalan pilemburan.* Zulaikha Sobana-kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya