Gogoda
BAKU ari rek wayah magrib téh, jalan pajeujeut. Angkot di hareupeun
motor kuring ngagandeuang. Teu boga rarasaan pisan, sakitu
klakson motor kuring geus ngagoak gé, angger haré-haré, ukur
ngalieuk wé tina kaca spion.
Pas kuring nyiap, supir angkot ngagorowok,"Koplooook !"
Deg ! getih nérékél kana embun-embunan. Reg eureun.
Supirna kaluar tina jero angkotna, digleu, nyampeurkeun,
gantawang téh nyarékan.
"Gandéng sia téh ! sugan jalan téh boga sia ? geus nyaho macét,
kalah tatat titit ngelaksonan baé !" Kitu téh sukuna bari ngajejek. Motor
ngagubrag, kérésék es campur keur buka peupeus. Jalma, ngagimbung, ngalalajoanan. Kuring ukur melong.
"Sori, déwék keur puasa.." cékéng halon
"Alah, beungeut jiga sia baé puasa ..." Crot nyiduh hareupeun.
Keur kitu pisan, ti kajauhan kadéngé ngong Adzan. Nu ngagimbung bubar.
Kuring nyampeurkeun supir angkot.
"Sori, déwék rék ngabatalan," cékéng bari hiuk ! jebrod ! pas kana
beungeutna. Manéhna ngabangkieung. Kuring laju ngahurungkeun motor,
nyemprung balik.* Is Tuning-kisuta.com


